Boplang minangka patokan induk nangtukeun titik awal keur tarikan ukuran luyu jeung denah gambar kerja.
Tuluy aya istilah profil, patokan keur narik benang sangkan pasangan bata nyiripit lempeng.
Baca Juga: Jejer KKN PPM Unigal, Bupati Ciamis: Sajalan jeung Visi Kabupaten Ciamis
Tara bisa dibohongan ari ngukur ketinggian ku cai mah, nyaeta ku waterpass tea, ilaharna selang nu dicaian.
Oge aya waterpass alumunium, eta mah biasana ngukur rata pasangan keramik.
"Citakan ngecor lantena teu make bondek, ku multi wae," pok Ujang.
Baca Juga: Koperasina Mines, Taun Ayeuna Anggota Koperasi Guru Panumbangan Ciamis teu Narima SHU
Atuh aya pagawean ngablandar, masang dudukan kaso-papan keur nahan multi citakan coreun.
Lagu ngecor balok-selup atawa kolom praktis mah citakanana nya ku bekisting tea.
Istilah-istilah lianna, antarana wae skoneng (banan keur tanggulan kusen, cai, atawa kusen), vorden (saluran pamiceunan cai kotor kamar mandi atawa tina dak), sparingan (cadangan paralon ajangkeuneun saluran cai atawa listrik, biasana dina dak).