Carita Sagedengeun Tukang Bangunan: Beungeut Maneh Teu Ngelot!

- 31 Januari 2023, 13:33 WIB
Parapagawe bangunan keur ngarengsekeun proyek ngawangun imah di budeureun Kompleks Arcamanik, Kota Bandung, Salasa 31 Januari 2023/Galura/Rameli Agam
Parapagawe bangunan keur ngarengsekeun proyek ngawangun imah di budeureun Kompleks Arcamanik, Kota Bandung, Salasa 31 Januari 2023/Galura/Rameli Agam /

 

GALURA - Carita sagedengeun tukang bangunan teh tina sok lolongok ka proyek pun dulur di Arcamanik, Kota Bandung.

Mitembeyan Agustus 2022, ayeuna maju ka ahir Januari 2023, rupaning carita sagedengeun tukang bangunan mindeng kareungeu.

Lagu ngawangun renovasi, di lokasi proyek sok aya wae carita sagedengeun tukang bangunan.

Baca Juga: PSIS vs Persib Liga 1 2022-2023, Luis Milla Meredih Victor Igbonefo Saparakanca Teu Nganggap Enteng Lawan

Demi nu garawena teh kira 15 urang, atuh carita sagedengeun tukang bangunan teh minangka ubar nyinglar kacape, oge jadi matak teu karasa nyerelekna waktu.

Nu garawe lolobana mah urang Nagrag, Kac. Pacet, Kab. Bandung, ngawengku tukang sarta laden.
Mandorna, Mang Aep (60), wakilna ku Ujang (33).

Dina guneman maranehanana lagu narjamahkeun gambar kerja, sok mindeng mucunghul istilah-istilah nu ilahar aya dina widang wangunan nu lolobana mah adopsi ti Basa Walanda.

Baca Juga: Lima Kasakit nu Kudu Dijauhkeun, papagon Sanghyang Siksa Kandang Karesian

"Urang nyieun boplang heula!" ceuk Mang Aep, waktu ngamimitian rek ngawangun.

Boplang minangka patokan induk nangtukeun titik awal keur tarikan ukuran luyu jeung denah gambar kerja.

Tuluy aya istilah profil, patokan keur narik benang sangkan pasangan bata nyiripit lempeng.

Baca Juga: Jejer KKN PPM Unigal, Bupati Ciamis: Sajalan jeung Visi Kabupaten Ciamis

Tara bisa dibohongan ari ngukur ketinggian ku cai mah, nyaeta ku waterpass tea, ilaharna selang nu dicaian.

Oge aya waterpass alumunium, eta mah biasana ngukur rata pasangan keramik.

"Citakan ngecor lantena teu make bondek, ku multi wae," pok Ujang.

Baca Juga: Koperasina Mines, Taun Ayeuna Anggota Koperasi Guru Panumbangan Ciamis teu Narima SHU

Atuh aya pagawean ngablandar, masang dudukan kaso-papan keur nahan multi citakan coreun.

Lagu ngecor balok-selup atawa kolom praktis mah citakanana nya ku bekisting tea.

Istilah-istilah lianna, antarana wae skoneng (banan keur tanggulan kusen, cai, atawa kusen), vorden (saluran pamiceunan cai kotor kamar mandi atawa tina dak), sparingan (cadangan paralon ajangkeuneun saluran cai atawa listrik, biasana dina dak).

Laju aya sebutan lotan (alat patokan sangkan plesteran atawa kusen/panto, tembong lempeng-presisi), pasekon (keur nyikukeun juru-juru malar ngadumanis).

Baca Juga: Konsep Tri Tangtu di Sunda, Beda jeung Trias Politika Mantesquieu

Oge aya istilah janggot/gado (minangka misplang wangun coran), plinan (potongan keramik nu napel na tembok nyambung jeung pasangan keramik na lante), katut simeut meuting (kelam, pamageuh-panahan dina esteger).

Tangtu loba keneh istilah sejenna dina widang wangunan teh, atawa dina sub-widang instalasi cai/listrik, kusen, palapon, suhunan, jeung nu lianna.

Kitu deuih unggal wewengkon bisa jadi beda sesebutanana.

Baca Juga: Baheula alam Tatar Sunda Mere kahirupan jeung Huripna, Ayeuna...

"Dina wangunan mah sangkan wujudna lempeng, nyiku, presisi atawa ngadumanis pas teh taya lian koncina mah aya dina meteran jeung lotan. Keur sakuringeun, eta parabot minangka guru," ceuk Ujang.

Waktu reureuh lohor. "Cik, Mang, kuring teh ngajomblo wae. Sugan aya palakiahna, kuring hayang boga kabogoh," ceuk Udung (23), ka Mang Aep.

Pok Mang Aep, "Lain jampe nu teu matih. Tapi beungeut maneh teu ngelot!" Ditungtungan ku seuri. ***

 

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x