MGMP Basa Indonesia Ngaronjatkeun Mutu Pembelajaran

- 8 Februari 2023, 15:28 WIB
MGMP nyatana forum musawarah nu ngawadahan guru-guru mata pelajaran keur silih tukeur imformasi ngeunaan pembelajaran./Galura/Emha Ubaidilah
MGMP nyatana forum musawarah nu ngawadahan guru-guru mata pelajaran keur silih tukeur imformasi ngeunaan pembelajaran./Galura/Emha Ubaidilah /

GALURA - MGMP nyatana forum musawarah nu ngawadahan guru-guru mata pelajaran keur silih tukeur imformasi ngeunaan pembelajaran.

Ku alesan kieu, MGMP mata pelajaran basa Indonesia Sub KKMA Cisaat dina panalingaan KKMA Kab. Sukabumi ngayakeun kagiatan musawarah dina poe Saptu di MA. YASTI Cisaat kalawan diiluan ku 20 guru basa Indonesia ti 20 madrasah.

Ieu kagiatan teh matuh tur wajib diiluan ku guru-guru dina raraga ngundakkeun ajen atikan.

Baca Juga: Persib Update, Pamaen nu Keur Garering di Maung Bandung. Teja Paku Alam di Antarana

Baca Juga: Hari Pers Nasional 2023 di Medan, Direuah-reuah ku Rupa-rupa Kagiatan

Baca Juga: Warta Persib Update, Ezra Walian Latihan Deui, Tatan-Tatan Nyanghareupan Bali United

Kagiatanana di antarana bae 'penyamaan silabus' kurikulum revisi atawa nu anyar, bahasan materi pabgajaran jeung cara nganepikeun materi anu dianggap bangga, nyieun kisi-kisi jeung nyarungsum soal.

Lian ti eta oge geus sapuk perihal dilaksanakeunana kagiatan literasi sabulan sakali jeung mresentasikeunana, nyieun LKS, latihan nulis karya ilmiah keur para guru jeung ngilu kagiatan workshop atawa seminar basa demi ningkatkeun ajen kaelmuan guru.

"Hal ieu teh demi ngaronjatna ajen inajen guru basa Indonesia, tug tepikeun ka para guru meunang suntikan motivasi jeung pangaweruh nu salila ieu stagnan. Harepan ka hareupna mah, para guru ngaliwatan MGMP bisa nyieun buku mengajar." ceuk Imas Saadiyah pamilon MGMP basa Indonesia anu oge ketua Sub KKMA Cisaat. ***Emha Ubaidilah

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x