Putri Anjungsari (21), Tepung jeung Lalaki Anyar Pinanggih, di Saung Balong Ngalakukeun Gerakan Aneh

- 8 Februari 2023, 05:30 WIB
/

KALUAR ti tampian, keur nincak tétécéan, waktu ngarérét ka lebah kuda ditunda, Béna ngagebeg sateker kebek.

Di deukeut batu nu tadi didiukan,  saurang lalaki kira-kira umur 40 taun, keur nyampaykeun tali elés kuda nu murag, disampaykeun kana dahan tangkal nu handap, kana urutna.

Éta lalaki maké samping landung semet bincurang, ka luhurna make baju anu biasa dipaké bangsa Tionghoa.

Béna luncat ka hareupeun lawang saung balong. Putri Anjungsari ngagurinjal hudang waktu nempo sirah Béna ngelol. Kitu deui Ranah.

Sanggeus karuhan Putri Anjungsari jeung Ranah henteu kua-kieu, Béna gancang nyampeurkeun lalaki tadi. Dideukeutan ku Béna, éta lalaki mundur dua léngkah.

“Sampurasun, Ki Silah,” ceuk Béna bari mencrong seukeut pisan kana panon lalaki, ngajugjugan naha éta lalaki téh boga niat goréng atawa henteu.  

“Eu…eu… rampés,” témbal éta lalaki rada arapap-eureupeup.

“Ieu patempatan anu dia?” Béna nanya ku sora anu soméah.

“Teu salah, Ki Silah,” témbal éta lalaki.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x