Bupati Bandung baris Ngarojong Anggaran keur Ngawangun deui Imah nu Kahuruan di Desa Sukamenak

- 8 Februari 2023, 08:04 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung para kepala OPD nu aya patalina ngalongok lokasi urut kahuruan di Desa Sukamenak Kecamatan Margahayu, Salasa (7/2/2023).*
Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung para kepala OPD nu aya patalina ngalongok lokasi urut kahuruan di Desa Sukamenak Kecamatan Margahayu, Salasa (7/2/2023).* /SOPANDI//Galura Pikiran Rakyat.com).

GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna nyebutkeun, 25 imah nu béak dina kahuruan di Desa Sukamenak, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Senén (6/2/2023) peuting téh aya dina lahan carik. 

Bupati baris ngarojong  anggaran keur ngawanguan deui imah nu kaduruk téa.

Kitu ditétélakeun ku Dadang Supriatna waktu ngadongdon lokasi kahuruan, dibarengan ku para Kepala OPD nu aya patalina, bari méré bantuan pangan  ka korban, Salasa (7/2/2023).

Dadang Supriatna ngaku  geus maréntahkeun ka Kepala Pelaksana (Kalak) BPBD pikeun sagancangna rapat jeung Forkopimda nyindekkeun kaputusan sakalian pikeun assesement.

Bupati milu prihatin, tur nyumangetan korban sangkan sabar. "Najan teu aya korban jiwa, tapi sacara fisik bumi sareng pakaya para korban ancur,” ceuk Bupati.

Dadang Supriatna ngingetan ka warga sabudeureunana sangkan ulah balangah.

Baca Juga: Diduga tina Lilin, Kahuruan di Desa Sukamenak Margahayu, Aya 25 Imah nu Ludes

Bupati Bandung bakal narékahan saméméh bulan suci Romadan pangungkulan pasca kahuruan bisa sagancangna réngsé ku ngagunakeun anggaran tina Belanja Tidak Terduga (BTT).

Kepala Dinas Pemadam Kebakaran Kabupaten Bandung Hilman Kadar nu marengan Bupati nerangkeun, waktu mareuman kahuruan, jajaran TNI jeung Polri, para relawan, katut unsur masarakat milu mantuan.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x