Diduga tina Lilin, Kahuruan di Desa Sukamenak Margahayu, Aya 25 Imah nu Ludes

- 7 Februari 2023, 11:00 WIB
Kahuruan di Lembur Kebon Kalapa, Desa Sukamenak, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, peuting tadi, Senén (6/2/2023) kira-kira jam 23.00 WIB ngalantarankeun  25 imah kari lebu.*
Kahuruan di Lembur Kebon Kalapa, Desa Sukamenak, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, peuting tadi, Senén (6/2/2023) kira-kira jam 23.00 WIB ngalantarankeun 25 imah kari lebu.* /

GALURA- Kahuruan di Lembur Kebon Kalapa, Desa Sukamenak, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, peuting tadi, Senén (6/2/2023) kira-kira jam 23.00 WIB ngalantarankeun 125 urang kudu ngungsi ka masjid jeung ka imah kulawarga korban.

Alatan kahuruan imah di RW 06 nu kahuru aya 25. Ketua RW 06 Robi Muliawan nyenbutkeun, tina 25 imah nu kaduruk di RT 2, RT 3 jeung RT 4 ukur 4 imah nu ruksakna teu parna. Sésana kari lebu.

Kajadian kahuruan nu diduga tina lilin. Seuneu ceuk Robi geus ditarékahan dipareuman ku warga."Ngan, ku lantaran angin ngagelebug, tur kaayaan imah semi permanen seuneu tuluy ngaléntab susah dikadalikeun, " ceuk Robi di lokasi, Salasa (7/2/2023).

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Rosyid E. Abby jeung Sopandi ti ‘Galura’ Asup dina Buku Antologi Puisi

Robi nerangkeun, mobil pemadam kebakaran ti Disdamkar Kabupaten Bandung nu didatangkeun lobana 9 unit. Patugas heseeun meruhkeun seuneu, sabab jalan ka lokasi padet ku imah, ukur gang heureut.

Seuneu kakarék bisa diperuhkeun sakira jam 1 teungah peuting. Warga jeung Kepala Desa Sukamenak kudu bagadang tepi ka janari.

Kepala Pelaksana (Kalak) Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung Uka Suska nu datang ka lokasi Selasa, 7 Februari 2023 nyebutkeun pihakna harita kénéh ngirimkeun bantuan logistik.

"Dinten ieu BPBD masihan bantuan logistik kanggo sementawis mah. Tadi wengi atos koordinasi sareng pihak desa, kecamatan kumaha ngungkulan nu ngungsi, " ceuk Suska.

Suska ogé nyebutkeun, engké pihakna bakal ngayakeun rapat jeung Dinas Sosial keur nyawalakeun kamungkinan ngeunaan ayana bantuan ngoméan imah korban, *** Sopandi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x