Nu Jarah ka Makam Karamat Sembah Dalem Pangudar Teu Weleh Merul, Bagean I

- 21 Februari 2023, 13:30 WIB
Makam karamat Sembah Dalem Pangudar di Cikancung, Kabupaten Bandung/Galura/Aam PS
Makam karamat Sembah Dalem Pangudar di Cikancung, Kabupaten Bandung/Galura/Aam PS /

Basa Galura lolongok ge, nu jarah aya welasna. Padahal mah lain malem Jumaah atawa poe Jumaah, tapi poe Senen. Anu daratangna, nurutkeun catetan dina buku tamu, rata-rata urang jauh, lain nu dumuk di sabudeureunana.

Mutuh pikabetaheun komplek makam karamat teh. Sajaba ti aya makam karamat, di jerona aya masigit camperenik tur beresih, keur solat nu jararah.

Rohanganna aya tilu. Rohangan kahiji keur tempat ngadoa lalaki, kadua rohangan keur awewe, nu katilu rohangan utama tempat sumarena Mbah Dalem Pengudar, atawa tempat “silaturahmi” nu jarah jeung Dalem Pangudar, ngaliwatan kuncenna.

Baca Juga: Pa Boji, Ahli Melak Kopi ti DesaTigaherang Rajadesa, Imahna Kaimpungan ku Patani Kopi

Alatan raresik tea, sawatara nu jarah ka Karamat Dalem Pangudar ngaku betah kacida.

“Mun pareng ngendong ge matak resep,” cek Ahi jeung Nana, warga Garut nu harita keur ngadon dahar di warung.

Maranehna ngaku geus sapeuting mondok, alatan keur aya nu dipimaksud patali jeung usaha; hayang leuwih maju batan ayeuna. (Nyambung)***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x