Nu Jarah ka Makam Karamat Sembah Dalem Pangudar Teu Weleh Merul, Bagean I

- 21 Februari 2023, 13:30 WIB
Makam karamat Sembah Dalem Pangudar di Cikancung, Kabupaten Bandung/Galura/Aam PS
Makam karamat Sembah Dalem Pangudar di Cikancung, Kabupaten Bandung/Galura/Aam PS /

GALURA – Teu hese ulin atawa jarah ka makam karamat Sembah Dalem Pangudar mah.

Musababna, makam karamat Sembah Dalem Pangudar teh, perenahna aya di sisieun jalan di Lembur Cinangka, Desa Mandalasari Kacamatan Cikancung, Kabupaten Bandung.

Nyungsi makam kararamat Sembah Dalem Pangudar teh oge gampil deuih, bisa kana motor, bisa oge kana mobil pribadi. Make angkutan kota ge bisa sabab kaliwatan ku jalan nu patalimargana rame, tara nepi ka tiiseun.

Baca Juga: Ka Marongge Sumedang Rea Keneh Nu Jarah, Aya nu Neangan Pelet, Angka Togel, jeung Meunang Gawe

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Baca Juga: Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

“Muhun, gampil nyungsi ka ieu makam mah. Mung pami kana angkutan kota, kedah sateuacan tabuh opat sonten,” cek Ceu Siti, tukang dagang nu biasa dagang di kompleks makam ka Galura, anyar-anyar ieu.

Pangna kitu, cenah, sabab liwat ti jam opat sore mah, angkotna euweuh alias henteu jalan. Jadi ti jam opat mah, angkutanna diganti ku ojeg.

Alatan nyungsina teu hese, ulah heran mun nu jarah sasatna merul wae uggal waktu. Meh unggal poe aya nu datang. Angot dina malem Jumaah atawa poe Jumaah mah.

Baca Juga: Desa Tigaherang Rajadesa, Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Jawa Barat

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x