Desa Tigaherang Rajadesa, Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Jawa Barat

- 21 Februari 2023, 12:31 WIB
Gapura Desa Tigaherang. Desa Tigaherang  Kecamatan Rajadesa, dijulukan Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Provinsi Jawa Barat
Gapura Desa Tigaherang. Desa Tigaherang Kecamatan Rajadesa, dijulukan Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Provinsi Jawa Barat /Nanang S/Galura

GALURA -Teu kaleuleuwihi upama Desa Tigaherang nu di pernah di Kecamatan Rajadesa, dijulukan Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Provinsi Jawa Barat.

Desa Tigaherang  nu legana ngahontal 660.970 hektar, pakebonana ampir kabeh dipelakan kopi, sigana panglegana di Kecamatan Rajadesa mah. Sakali panen, dihasilkeun ton-an, pantes mun Desa Tigaherang dilandi Desa Kopi teh.

Julukan Desa Kopi keur Desa Tigaherang nu pernahana teu pati jauh ti Walungan Cijolang tapel wates Kecamatan Rajadesa Ciamis jeung Kecamatan Subang, Kuningan, lain ukur pedah kebon kopina lega tapi oge pedah wargana ahli kana melak kopi. Masing kumaha wae angarna lahan ku urang Tigagherang mah pelak kopina salubur.

Baca Juga: Pa Boji, Ahli Melak Kopi ti DesaTigaherang Rajadesa, Imahna Kaimpungan ku Patani Kopi

Urang Desa Tigaherang marelak kopina teh lain ukur di Lampung jeung di lemburna tapi oge di wewengkon sejen nu aya lahan nganggur.

Desa Tigaherang nu wargana ahli melak kopi, di Kecamatan Rajadesa, malah mah di Kabupaten Ciamis mah kaasup desa kahot, desa nu geus lila ngadeg.

Lahan di Desa Tigaherang , sawah: 297.720 hektar, kebon: 238.891 hektar,
pakarangan: 68.590 hektar, leuweung: 35 hektar, jeung lahan sejenna: 24.579 hektar.

Urang Desa Tigaherang jeung urang desa sejenna nu marelak tangkal kopi panen unggal taunna panen munggaranana teh bulan April, Mei, Juni jeung Juli, mangsa panenna opat bulan lantaran asakna buah kopi dina samanggar oge henteu sarua.

Baca Juga: Putri Anjungsari (34), Prajurit Cirebon Ngudag nu Ngabelesurkeun Pangpung, Tapi Dipacikeuh

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x