Dapur Lapangan Kodam III Siliwangi dina Istighosah di Masjid Agung Cianjur, Beungkeutan TNI AD jeung Rayat

- 20 Februari 2023, 15:00 WIB
Panglayan sarapan ti Dapur Lapangan Bekangdam III/Siliwangi keur jamaah dina acara Muhasabah tur Istighosah di Masjid Agung Cianjur, Minggu, 19 Februari 2023/ DOK. PENDAM III/SLW
Panglayan sarapan ti Dapur Lapangan Bekangdam III/Siliwangi keur jamaah dina acara Muhasabah tur Istighosah di Masjid Agung Cianjur, Minggu, 19 Februari 2023/ DOK. PENDAM III/SLW /

GALURA – Dapur Lapangan Kodam III/Siliwangi nu ngarojong sarta milu aub dina kagiatan Muhasabah tur Istighosah di Masjid Agung Cianjur teh minangka wujud paheutna beungkeutan TNI AD jeung rayat.

Ngadegna Dapur Lapangan Kodam III/Siliwangi harita, pikeun mere panglayan sarapan ka jamaah nu ngahadiran Muhasbah tur Istighosah di Masjid Agung Cianjur, Pamoyanan, Kabupaten Cianjur, Minggu, 19 Februari 2023.

Eta ketak Dapur Lapangan Kodam III/Siliwangi dina acara Muhasabah tur Istighosah di Masjid Agung Cianjur teh dikokojoan ku Bekangdam III/Siliwangi.

Baca Juga: Ku Eyang Mahmud Diawuran Sakeupeul Taneuh Meunang Mawa ti Mekah, Lahan Rawa Jadi Pedet

Kagiatan Muhasabah tur Istighosah di Masjid Agung Cianjur dihadiran ku Wakil Presiden RI KH Ma'ruf Amin, Kasad Jenderal TNI Dudung Abdurachman, paraulama, parasantri, TNI-Polri, sarta rebuan masarakat Kabupaten Cianjur.

Ti anggalna, Pangdam III/Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, geus mere arahan sangkan Bekangdam III/Siliwangi nyiapkeun idangan sarapan pikeun jamaah nu hadir.

Kabekangdam III/Siliwangi, Kolonel Cba Irawan, ngebrehkeun, dina eta acara Muhasabah tur Istighosah di Masjid Agung Cianjur teh Kodam III/Siliwangi nyiapkeun 1.000 porsi prasmanan jeung 1.000 nasi dus.

Baca Juga: Di Kampung Mahmud, Pantrangan Ngingu Soang jeung Nabeuh Goong Diestokeun keneh

Anapon menuna teh nyaeta sangu, asakan hayam bungbu kecap, sayur capcay, orek tempe, sambel, kurupuk, jeruk, jeung cai mineral.

"Personel nu kalibet dina eta Dapur Lapangan diwengku 10 urang nu ngidangkeun, koki 28 urang, tim sanitasi 5 urang, sarta dirojong ku 3 unit treuk, 2 mobil Dapur Lapangan, katut saunit suplai Dapur Lapangan," ceuk Kolonel Cba Irawan.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x