Putri Anjungsari (34), Prajurit Cirebon Ngudag nu Ngabelesurkeun Pangpung, Tapi Dipacikeuh

- 21 Februari 2023, 05:30 WIB
Putri Anjugsari
Putri Anjugsari /Budi Riyanto/Galura

ENYA,” tembal Suba, angger lelenggutan.

Nempo Suba lelenggutan Bena seuri. Bari rada rusuh Bena leumpang ka lebah warung nu panghilirna. Prajurit Cirebon nu tadi cicing di sisi walungan taya saurang nu ngulampreng.

Anu pajarkeun keur ngudag nu ngababet pangpung oge henteu tembong geus daratang. Kaayaan simpe deui, kawas samemeh prajurit mareuntas.

Basa ngaliwat ka warung panghilirna nu pakaranganana dicaangan ku obor, Bena ngarandeg. Alak-ilik ka jero warung nu ngan ukur dicaangan ku cempor leutik jeung kacangan ku ruhay dina hawu.

Tapi katempona teh tiiseun, taya nu ngadon barang dahar atawa reureuh. Bena neruskeun deui leumpangna muru tampian luhureun walungan nu tembong aya sababaraha hiji.

Karek sababaraha lengkah ti hareupeun warung, Bena ngadenge sora talapok kuda nu ngadeukeutan. Bena nyalingker ka tukangeun tangkal calingcing.

Deukeut calingcing, kuda teh eureun, Nu numpakna rarat-reret siga aya nu diteangan. Ditelek-telek ku Bena tapi henteu sidikeun, lantaran diteregos ku kaen hideung, ongkoh deuih lebah dinya mah taya cacaangan.

Teu lila kurunyung lalaki duaan nyampeurkeun nu numpak kuda, patutur-tutur, leumpangna lalaunan jeung bari luak-lieuk, leungeun katuhuna meh napel dina cangkengna.

Ka ieu dua lalaki oge Bena henteu sidikeun, najan henteu diteregos oge. Sanggeus deukeut ka nu tumpak kuda eta dua lalaki teh nangtung gigireun nu tumpak kuda bari leungeun katuhuna angger dina cangkeng.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x