Sanggeus karuhan taya kajadian nanaon Bena gura-giru asup ka warung. Nyampak Suba geus geus euweuh. Bari ngarongkong kendi, Bena nanya ka tukang warung.
“Ka mana budak nu tadi di dieu?” pokna bari nyicikan cai kana bekong.
“Tadi kaluar jeung lanceukna,” tembal tukang warung.
“Rek balik deui ka di dieu?”
“Rek terus mulang nyaritana mah, ngan kateuing mulang ka mana. Kami henteu talelete.”
Bena diuk, leguk nginum.
“Ari parahu jeung rakit ka marana? Euweuh hiji-hiji acan,” ceuk Bena deui.
“Maenya? Rakit mah najan nu bogana mulang oge sok dicangcang di darmaga,” tembal tukang warung semu heraneun.
“Ari parahu?”
“Sok ditambat di dinya,” tembal tukang warung. “Asa aneh euweuh hiji-hiji acan mah.”