Bena ngahuleng. Teu lila torojol saurang prajurit Cirebon. Alak-ilik. Meunang sajongjongan mencrong Bena.
“Arek dahar?” ceuk tukang bari nyampeurkeun.
Prajurit Cirebon gideug.
“Ngopi?”
Ditawaran kopi mah prajurit Cirebon curinghak. Kitu deui Bena. Geuning warung nu jauh ka basisir nyadiakeun kopi, gerentesna.
Prajurit Cirebon unggeuk, terus diuk teu jauh ti Bena.
“Dia arek nginum cai kopi?” ceuk tukang warung ka Bena.
“Eudeuk,” ceuk Bena haget pisan.
Ti saprak dayeuh Pakuan Pajajaran beuki rekep dikepung ku pasukan Banten jeung Cirebon, kopi jadi arang pisan nu ngirim. Bena geus sababaraha bulan teu nginum kopi.
Pangangguran Bena nempokeun tukang warung nu rek ninyuh kopi. Ninyuhna make cai nu ngagolak, tina pariuk nu nagen dina hawu. Disiuk ku siwur.