Desa Tigaherang Rajadesa, Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Jawa Barat

- 21 Februari 2023, 12:31 WIB
Gapura Desa Tigaherang. Desa Tigaherang  Kecamatan Rajadesa, dijulukan Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Provinsi Jawa Barat
Gapura Desa Tigaherang. Desa Tigaherang Kecamatan Rajadesa, dijulukan Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Provinsi Jawa Barat /Nanang S/Galura

Dina sabata lahan (14 meter pasagi) bisa dipelakan 4 tepi ka 5 tangkal kopi. Anggangna ti tangkal ka tangkal paling deukeut 2 meteran. Dina satangkal aya kana 40 dahan. Eta oge gumantung kana kumaha tangkal kopina, mun tangkalna alus mah leuwih ti 40 dahan.

Waktu “ngaranting” sanggeus panen, patani biasana bari milihan mana dahan nu kudu dipiceun. Ngaranting teh nengetan tangkal kopi bisi keuna ku hama, babakuna ku hama tunggeu, jeung ulam. Dina ngaranting mun dahanna dianggap loba teuing dahanna ditutuh.

Ngagemukna mah, make gemuk organic, biasana bulan Mei tepi ka Juni, saacan asup kana usum halodo. Ngagemukna deui dina Nopember tepi ka Desember, keur usum hujan. Sataun teh dua kali ngagemuk.

“Mung taun ayeuna mah sasih Mei sareng Juni teu tiasa ngagemuk, margi ti Mei oge tos arang hujan,” ceuk Pa Boji, salahsaurang ahli melal kopi urang Desa Tigaherang.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah