Pa Boji, Ahli Melak Kopi ti DesaTigaherang Rajadesa, Imahna Kaimpungan ku Patani Kopi

- 21 Februari 2023, 11:40 WIB
Pa Boji urang Desa Tigaherang, Kecamatan Rajadesa, Kabupaten Ciamis, salahsaurang ahli melak kopi.
Pa Boji urang Desa Tigaherang, Kecamatan Rajadesa, Kabupaten Ciamis, salahsaurang ahli melak kopi. /Nanang S/Galura

GALURA -Urang Desa Tigaherang, Kecamatan Rajadesa, Kabupaten Ciamis geus kakoncara ahli melak kopi, di antarana Pa Boji. Masing kumaha wae angarna lahan, ku urang Desa Tigaherang mah bisa disulap jadi lahan subur keur pelak kopi sarta hasilna nyugemakeun.

Pa Boji dumukna di Kampung Kamuning, kira-kira tilu kilometer ti Bale Desa Tigaherang. Pa Boji, salian ti ahli melak kopi, oge nu naratas melak kopi di wewengkon Kecamatan Rajadesa. Tadina mah urang Rajadesa marelak kopina di Lampung, di Sumatera.

Ti Bale Desa Tigaherang ka padumukan Pa Boji ngaliwatan pakebonan kopi nu kawilang lega, ciri di lemburna sorangan oge urang Rajadesa ahli melak kopi. Hadena wae ku pagawe Desa Tigaherang dibahanan peta keur ngajugjugna.

Baca Juga: Putri Anjungsari (34), Prajurit Cirebon Ngudag nu Ngabelesurkeun Pangpung, Tapi Dipacikeuh

Imahna lebakeun SD Cikamuning, jalanna gang leutik nu geus diplur ku beton, ukur asup motor. Buruanna teu wudu lega, sakurilingna dipelakan ku tangkal kopi nu luhurna sameter satengahan. Nyampak Pa Boji, lahir taun 1947, keur aya.

Ngobrol teh di ruang hareup, dibaturan ku bojona, Eri. Disuguhan cikopi tubruk jeung lalawuh goreng gegetuk sampeu nu bentukna buleud kawas combro.

“Mimiti melak kopi waktu ngumbara ka Lampung taun 1976,” ceuk Pa Boji. Miang ka Lampung tadina lain rek ngebon kopi, tapi rek buburuh. Ngan ku dununganana kalah ka dijurung melak kopi.

Harita oge di Lampung geus rea nu ngebon kopi. Pa Boji nurut. Teu hese neangan lahanna, asal daek ngolahna. Dina jangka waktu kurang leuwih 8 taun, inyana geus boga kebon kopi legana 8 hektar.

Baca Juga: KH Maman Imanulhaq: Sikap PKB Tandes, Pemilu 2024 Make Sistem Proposional Terbuka

Pa Boji malah bogaeun pagawe sababaraha urang keur ngurus kebon kopina, ti mimiti ngoyos, panen, tepi moe jeung ngarungan. “Tangkal kopi sangkan alus kudu geten miarana,” pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x