Pa Boji, Ahli Melak Kopi ti DesaTigaherang Rajadesa, Imahna Kaimpungan ku Patani Kopi

- 21 Februari 2023, 11:40 WIB
Pa Boji urang Desa Tigaherang, Kecamatan Rajadesa, Kabupaten Ciamis, salahsaurang ahli melak kopi.
Pa Boji urang Desa Tigaherang, Kecamatan Rajadesa, Kabupaten Ciamis, salahsaurang ahli melak kopi. /Nanang S/Galura

Taun 1984 waktu balik ka Tigaherang, ku kolotna dibejaan, di Cikamuning oge aya tangkal kopi titinggal jaman Jepang jeung aya tangkal kopi nu dingaranan kopi lambou, disebut oge kopi robinson jeung kopi kebo (munding) lantaran tangkalna badag.

“Harita loba keneh tangkal kopi lambou, kopina semu pahang,” ceuk Pa Boji. Inyana ngaduga Jepang atawa bisa jadi Belanda melak kopi di Tigaherang mana kitu oge lahanna luyu keur kebon kopi.

Pa Boji jadi mindeng mulang ka Tigaherang, ti Lampung mawa siki kopi keur pibiniheun. Rek nyobaan melak tangkal kopi di lemburna. “Pada ngageuhgeuykeun mimitina mah: moal jadi ieuh ceuk urang dieu teh,” pokna.

Baca Juga: Operasi Pasar Beas Murah Pikeun Ngungkulan Harga Nu Apung-Apungan

Tarekah sangkan lemburna jadi kebon kopi ngabukti. Di Tigaherang jeung sabudeureunana tetela hade keur pelak kopi, sarta siki kopina aralus.

“Ti dinya mah urang Tigaherang wae loba nu marelak kopi di lembur,” ceuk Pa Boji nu kiwari di lemburna boga kebon kopi legana 1,5 hektar. Ari di Lampung mah kari 2 hektar, diurus ku nu sejen.

Ku pangalaman jeung kaahlianana Pa Boji mindeng jadi narasumber dina pelatihan melak kopi. Dina mangsa usum hujan, ka imahna rea nu diajar budidaya kopi.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah