Situs Karangkamulyan Ciamis; Cagar Budaya, Tempat Sakral jeung Objek Wisata

16 Maret 2023, 10:25 WIB
Situs Karangkamulyan Ciamis lian ti cagar budaya oge tempat sakral jeung objek wisata. /Nanang S/Galura

GALURA -Anjog ka Situs Karangkamulyan, Cijeungjing, Kabupaten Ciamis teh jam satu beurang. Kawantu lain poe pere, ieu cagar budaya nu oge objek wisata jeung tempat sakral, tempat sakralna teh di antarana Batu Pangcalikan, teu pati rame. Ukur aya sababaraha mobil pribadi nu aya di tempat parkir.

Situs Karangkamulyan nu geus lila ditetepkeun jadi cagar budaya, anggangna ti Kota Ciamis kurang leuwih 18 kilometer, dina poe pere sok loba nu ngadon jalan-jalan lantaran geus jadi objek wisata. Di Batu Pangcalikan nu diangap tempat sakral mindeng rea nu ngadon mujasmedi.

Pikeun pamarentah Kabupaten Ciamis, Situs Karangkamulyan jadi objek wisata jeung rea nu ngadon menekung di tempat sakral Batu Pangcalikan matak nambahan keur kas daerah. Lian ti eta cagar budaya nu pernahna di Desa Karangkamulyan Kecamatan Cijeungjing teh leuwih dipiwanoh.

Baca Juga: Kalungguhan Kawali jadi Puseur Karajaan Dikuatkeun ku Prasasti, Ngandung Ajen Mandiri keur Kabupaten Ciamis

Strategis Situ Karangkamulyan teh lantaran ayana di sisi jalan nagara nu nepungkeun Jawa Tengah jeung Jawa Barat. Beurang peuting rame ku patali marga. Komo deui tempat parkir di Situs Karangkamulyan geus jadi rest area, geus jadi tempat reureuh.

Di gigireun masjid aya sakulawarga keur dalahar bekelna. Cenah ti barang miang ti imahna diajam rek botram di sisi Patimuan, tempat ngamuarana Cimuntur ka Citarum, ngan teu tulus lantaran hujan.

Basa keur leumpang ka lawang asup, mobil dua asup sarta diparkir hareupeun masjid. Nu tarumpakna tarurun sarta leumpang ngajugjug ka gapura, ka tempat nu ngajualan karcis. Bapa-bapa nu make baju koko mawa duwegan, ngan can dipolongoan. “Wangsul ti Pangandaran, hoyong lebet ka dieu,” pokna.

Urang Bekasi eta teh, rombongan kulawarga, di Pangandaran ngendong sapeuting, Jumaah beurang balik, sarta nyimpang ka Karangkamulyan. Asup ka Karangkamulyan dianteur ku Uhan, urang dinya nu sok mindeng nganteur nu rek jaroh.

Baca Juga: Pestival Damar Larung di Situ Wangi Winduraja Ciamis, Hanjakal Cai Situna Semu Hejo

Diilikan karcis teh make merek Dinas Kebudayaan, Pemuda dan Olahraga (Disbudpora) Kabupaten Ciamis. Memang instansi nu patula-patalina jeung Karangkamulyan leuwih ti hiji. Dinas Pariwisata, Disbudpora, jeung Dinas Perhubungan

Dinas Pariwisata mah ngokolakeun pariwisatana, Disbudpora bagean ajen-inajen cagar budaya, perhubungan ngokolakeun tempat parkir. Anu ngajaga Situs Karangkamulyan lain pamarentah Kabupaten Ciamis, tapi Badan Pemeliraha Cagar Budaya (BPCB) Serang Banten.

Lapat-lapat katempo tamu nu ti Bekasi asup ka jero Batu Pangcalikan. Disampeurkeun. Dihareupeung lawang tengah Batu Pancalikan, bapa-bapa tadi keur nagog bari ugal-ugil molongoan duwegan nu luhurna meunang mapas, make konci mobil.

Sanggeus duweganana molongo mah bapa-bapa teh cengkat. Kulawargana nyalampeurkeun. Bareng jeung Uhan kabehanana arasup ka Batu Pangcalikan, tapi ngan sakeudeung.

Baca Juga: Situ Wangi Winduraja, Destinasi Wisata Anyar di Ciamis Kaler

Ti Batu Pangcalikan Galura leumpang make jalan nu lempeng, terus mengkol ka kenca, mengkol deui ka katuhu. Manggih wae Batu atawa Lambang Peribadatan, teu jauh ti sisi jalan nagara Ciamis-Banjar.

Ti Lambang Peribadatan kadenge atra sora kandaraan. Tina sela-sela kakayon katempo mobil ngaliwat, ti wetan, ari nu holna ti kulon make jalan nu di sisina. Ti Karangkamulyan tepi ka pengkolan ka Desa Kepel jalan teh sajalur-jalur, nu ti kulon jeung ti wetan henteu perewis.

Lebakeun Lambang Peribadatan: Cikahuripan. Ti Batu Peribadatan mah mudun, jalanna make tangga-tangga. Di hareupeunana taya plangan. Malah ti Batu Pangcalikan taya papan nu nuduhkeun di mana-manana Batu Peribadatan.

Lian ti Batu Pangcalikan jeung Lambang Peribadatan, banda cagar nu aya di Karangkamulyan nu legana 29,5 hektar teh tempat ngadu hayam, Sanghyang Bedil, Panyandaan, Pamangkonan, Makam Adipati Panaekan. Sumber caina Sipatahunan, Patimuan jeung Cikahuripan.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Mulang deui ka Kabupaten Galuh, Sejarah Galuh Bagian Awal Leubeut ku Mitos

Anu mindeng dideugdeug ku wisatawan mah Batu Pangcalikan jeung Cikahuripan. Di Batu Pangcalikan sok loba nu ngadon ritual, ari di Cikahuripan sok loba nu ngadon mandi.

Samemeh mandi sok aya nu menekung heula di Batu Peribadatan, sanggeus mandi aya nu ka Batu Peribadatan deui.

Situs Karangkamulyan dibandingkeun jeung situs-situs sejenna di Kabupaten Ciamis memang kawilang lengkep, jeung kaayaan alamna mibanda daya tarik mandiri, salian ti lega teh.

Nu matak loba didareugdeug kaasup ku ahli kabatinan jeung ahli sejarah. Ngan tangtu nu ka Karangkamulyan kudu pinuh ku tata titi duduga peryoga.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler