Naha Enya Ngaran Ciamis Asalna tina Cai Hanyir?

- 23 Februari 2023, 10:30 WIB
Kantor Bupati Ciamis. Cenah mah Ciamis teh hartina cai hanyir, cai  nu bau hanyir,  alatan loba lauk kasaatan jeung kungsi banjir getih.
Kantor Bupati Ciamis. Cenah mah Ciamis teh hartina cai hanyir, cai nu bau hanyir, alatan loba lauk kasaatan jeung kungsi banjir getih. /Nanang S/

GALURA -Tina etimologi (asal-usul kecap) cenah mah Ciamis teh tina kecap ci jeung amis: ci hartina cai, amis dina basa Malayu mah manis, ari dina basa Cirebon atawa basa Jawa: hanyir. Ciamis hartina cai amis, cai nu amis.

Lebah dieu karéréanana urang Ciamis, ngahartikeun amis dina basa Cirebon atawa basa Jawa: hanyir. Ciamis hartina cai hanyir, cai nu hanyir. Lain amis nu dina basa Indonesia hartina manis.

Ceuk sakaol mucunghulna ngaran Ciamis dina harti cai hanyir, waktu keur ngabangun pipuseurdayeuheun Kabupatén Galuh, dibendung susukan Cimemen. Hilireun bendungan caina, laukna loba nu ngarambang, tepi kaambeuna hanyir. Disebut waé Ciamis, nu hartina cai hanyir

Baca Juga: Kangjeng Prebu, Bupati Manten Galuh nu Mampuh Mengkolkeun Jalan Kareta Api

Aya deui nu nyebutkeun ngaran Ciamis alatan kungsi kajadian perang rongkah ahir abad ka-16 antara pasukan Karajaan Galuh jeung pasukan Mataram nu rek ngarurug Galuh.

Hébatna peperangan ngalantaran réa prajurit nu tiwas tepi ka banjir getih. Cenah meunang sababaraha poé médan perang bau hanyir, hanyir getih. Tempat panglobana nu tiwas disebut waé Ciamis, kabeneran di dinya aya walungan jadi waé caina bau hanyir, bau hanyir getih.

Tatar Galuh téh wewengkon nu pangheulana di Priangan nu ditalukeun ka Mataram. Ari Sumedanglarang mah sumolondo ka Mataram masrahkeun Sumedanglarang ka Mataram. Mataram teu nalukeun Sumedanglarang make kekuatan militer.

Ceuk sakaol deui, jaman bupati Galuh dicangking ku Dalem Jagabaya (1732-1751), dina taun 1739 kajadian riributan di Ciancang. Tatar Galuh diserang karaman lobana 2000 urang nu dipingpin ku Tumenggung Banyumas jeung ku Ngabéhi Dayeuhluhur.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x