Pikeun nu Kasalapan Kalina Kabupaten Ciamis Taun 2023 Ayeuna Dileler deui Hadiah Adipura

- 4 Maret 2023, 12:25 WIB
Karangan kembang di buruan pendopo Kabupaten Ciamis, ngawilujengkeun ka Kabupaten Ciamis nu dileler Adipura taun 2023.
Karangan kembang di buruan pendopo Kabupaten Ciamis, ngawilujengkeun ka Kabupaten Ciamis nu dileler Adipura taun 2023. /Jarkasih/Galura

GALURA -Pendopo Kabupaten Ciamis poe-poe ieu pinuh ku karangan kembang Ucapan Selamat Atas Diraihnya Adipura nu dikirimkeun ti instansi non pamarentah jeung instansi pamarentah.

Taun ayeuna, taun 2023, Kabupaten Ciamis meunang deui Adipura. Taun 2023 ayeuna Adipura nu ka-9. Hartina Kabupaten Ciamis geus meunang 9 Adipura.

Piala Adipura keur Kabupaten Ciamis langsung ditarima ku Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya, di Auditorium Dr.Soejarwo Gedung Manggala Wanabakti Jalan Gatot Subroto Jakarta Pusat, tanggal 28 Februari 2023.

Baca Juga: Putri Anjungsari (45), Sora Manuk Tuweuw nu Jadi Tanda Kajadian Aheng

Di Jawa Barat dina taun 2023 aya dua dearah tingkat II nu dileler Adipura: Kabupaten Ciamis jeung Kota Bogor. Anugrah Adipura teh pangajen ti pamarentah pusat keur pamarentah daerah nu mampu miara lingkungan anu hade.

Lian ti eta, mampung ngadumaniskeun tarekah miara lingkungan, jeung unsur sosial katut ekonomi sarta masarakat aktif dina miara jeung ngamumule lingkungan.*** Jarkasih

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x