Dintep ku Pamarentah, Jalan Cirahayu Ruksak Parna, Warga Desa Srirahayu Kelak ka DPRD Kabupaten Bandung

- 1 Maret 2023, 11:20 WIB
Komisi C DPRD ngadongdon jalan nu ruksak di Desa Srirahayu Kecamatan Cikancung Kabupaten Bandung (01/03.2023).
Komisi C DPRD ngadongdon jalan nu ruksak di Desa Srirahayu Kecamatan Cikancung Kabupaten Bandung (01/03.2023). /Sopandi/Galura

GALURA -Sawatara waktu ka tukang Warga Desa Srirahayu, Kecamatan Cikancung, Kabupaten Bandung, nepungan ka DPRD Kabupaten Bandung, ngabejaan Jalan Cirahayu ruksak parna. Warga meredih sangkan Jalan Cirahayu gancang diomean.

Ka wakilna, ka DPRD Kabupaten Bandung, warga Desa Srirahayu ngangluh ruksakna Jalan Cirahayu, ngateugkeun paekonomian warga. Jalan Cirahayu penting pisan keur kahirupan jeung paekonomian warga.

Ngarespon aduan warga Desa Srirahayu, Komisi C DPRD Kabupaten Bandung, Rebo (01/03/2023) ngaroris Jalan Cirahayu nu ruksak parna. Sababaraha anggota Komisi C nu milu ka lokasi, Tatang Sudrajat, H. Uus Firdaus, Dillar, jeung Dadang Hermawan.

Baca Juga: Dina Acara Milangkala ka-50 taun KSPSI, PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia Diistrenan

Nempo kaayaan Jalan Cirahayu nu ruksana parna pisan, ketua Komisi C DPRD Kabupaten Bandung, H Yanto, meredih ka Pemda Kabupaten Bandung, palebah dieu Dinas PUTR sangkan sagancangna mogramkeun anggaran pikeun ngomèan atawa betonisasi Jalan Cirahayu.

H. Yanto ngaku ngarasa prihatin nitènan jalan nu dicullaurkeun ku Pemda Kabupaten Bandung. Ku kituna , H. Yanto mereduh ka Dinas PUTR sangkan sagancangna mogramkeun anggaran keur betonisasi Jalan Cirahayu.

Korwil PUTR Cicalengka, Camat Cikancung, Polbinmas. Babinsa katut tokoh masyarakat setempat, H. Entis, marengan rombongan Komisi C DPRD Kabupaten Bandung.

Warga tinggal ngadagoan respon ti Bupati Bandung, Dadang Supritana, naha bakal gancang ngomean Jalan Cirahayu atawa leleda.*** Sopandi

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x