GALURA - Kabupaten Bandung jadi salah sahiji pribumi Piala Dunia FIFA U-20 nu baris lumangsung tanggal 20 Mei tepi ka 11 Juni 2023.
Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga (Kadispora) Kabupaten Bandung Kawaludin nètèlakeun Piala Dunia U-20 ieu ngarupqkeun sejarah pikeun Kabupaten Bandung.
Kawaludin, nyebutkeun aya 24 nagara atawa tim nu baris aub dina Piala Dunia U-20. Dina tanggal 31 Maret 2023, ceuk Kawaludin ka 24 tim diundi keur jadwal jeung tempat . "Aya 6 tempat atawa venue nu baris jadi tempat matandang, Salah sahijina Stadion Si Jalak Harupat, " pokna.
Kituna tèh ditepikeun satutas Kawaludin jadi narasumber utama ti 5 narasumber sèjènna tina acara Dialog Piala Dunia U-20 nu diayakeun PWI Kabupaten Bandung dina salah sahiji runtuyan acara HPN 2023 di Sekretariat PWI Kabupaten Bandung Jalan Ciloa Soreang, Kabupaten Bandung, Senen (28/2/2023).
Baca Juga: Ketua Askab PSSI Kabupaten Bandung : Piala Dunia U 20 Luang Ngaronjatkeun Kamampu
Kawaludin nuluykeun, dina tanggal 1 April 2023 launching tiket, tanggal 2-7 April 2023 nyosialisasikeun pamajangan piala, 20 Mei 2023 upacara bubuka di Stadion GBK, jeung ditutup 11 Juni 2023 di Stadion Manahan Solo.
Ngan, ceuk Kawaludin tepi ka ayeuna tina 24 tim tèh karèk 11 nagara nu lolos, salasahijina Indonesai sabab salaku pribumi.
Kawaludin umajak ka sakumna pihak pikeun nyukseskeun Piala Dunia U-20. "Sukses adminstrasi, sukses penyelenggaraan, PSSI U 20 sukses prestasina, tur sukses secara ekonomi, ku margi ieu nu kudu kahontal. Moal kahontal upami teu aya dukungan ti sakumna pihak, " pokna.
Kawaludin nyebutkeun kasiapan di Stadion Si Jalak Harupat, tepi ka danget ayeuna di antarana nu tadina teu aya drinase, ayeuna aya, sahingga mun seug hujan gedè cai kaserep, katut mutu jukut lapangan luyu standar rekomdasi FIFA.