Ningali jeung Dipoto Latar Kembang Sakura Teu Kudu ka Jepang, di Bogor Gé Aya, Rékomendasi Wisata Peré Imlék

21 Januari 2023, 10:15 WIB
Ulin ka Villa Khayangan Bogor di Jalan Puncak Dua, Wargajaya Kacamatan Sukamakmur, Bogor. Aya kembangg Sakura/Instagram @villa_khayangan_bogor /

GALURA - Bisa ulin ka nagari Sakura, Jepang, kaasup implengan sawatara urang mun pareng boga waktu peré rada panjang.

Hanjakalna, tangtu waé, piknik atawa wisata ka Jepang mah perelu modal nu rohaka. 

Pangna kitu téh, lantaran ka Jepang mah kudu tumpak kapal sagala. Eta téh acan kaasup bekel jeung réa-réa deui.

Baca Juga: Ketua Déwan Pengawas: Perumda Air Minum Tirta Raharja Bisa Ngagunakeun CSR pikeun Ngokolakeun Leuweung

Ngan, lamun udaganna hayang ningali atau dipoto kalawan latar tukang kembang Sakura mah, teu kudu bingung.

Urang teu kudu ngapung ka Jepang bari kudu mekel duit nu rohaka. 

Mun hayang kitu wungkul mah, tinggal ulin ka Bogor, écésna ka tempat wisata nu keur meujeuhna viral, Villa Khayang Bogor di Jalan Puncak Dua, Wargajaya Kacamatan Sukamakmur, Bogor.

Baca Juga: Nu Balantik Dodol Karanjang Imlék di Tasikmalaya jeung Banjar keur Meujeuhna Bungah, Pesenan Merul!

Enya, sabab di éta tempat wisata, aya kembang Sakura, nu bisa ditingali jeung dipoto.

Mun nilik instagramna, @villa_khayangan_bogor, di éta tempat wisata, aya kembang Sakura nu biasa tumumuh jeung jadi ciri khas di Jepang.

Kembangna, sababaraha tangkal, tumuwuh di gigireun jalan satapak nu ngahaja diropéa.

Baca Juga: Pakansi Pabaru Imlék di Taman Safari Indonesia Cisarua Bogor, Aya Parade Sun Go Kong, Ieu Beréndélan Acarana

Nu datang, tangtu wae bisa popotoan kalawan latar tukang kembang Sakura.

Tapi, tangkal Sakura jeung suasana Jepang nu éndah téh lain hiji-hijina nu aya di Villa Khayangan Bogor.

Di ieu tempat aya kénéh spot séjén nu éndah nu "ngajual" alam China, Turki jeung Mekkah.

Baca Juga: Anggota DPR RI Tb Hasanuddin, Sosialisasi Empat Pilar Kebangsaan ka Anggota Pramuka di Majalengka

Sajaba ti éta, di ieu tempat ogé aya fasilitas séjén kayaning panginepan, ayun-ayunan raksasa, flying fox jeung karanjang hiber.

 

Husus keur barudak, sadia ogé saniskara tempat kaulinan nu bisa mawa betah, nepi ka narah balik.

 

Atuh mun pareng lapar, sajaba ti bisa murak bebekelan, ogé bisa mecakan kadaharan di café nu disadiakeun.

Baca Juga: Putri Anjungsari (3)

Panasaran? Mangga jugjug wé tempatna bari imeutan heula informasina, dina akun instagramna.***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @villa_khayangan_bogor

Tags

Terkini

Terpopuler