Palasapah Silat jeung Gaya Maen Persib, Salamet jeung Nyalametkeun

- 1 Februari 2023, 16:30 WIB
Persib Bandung/jurnalsoreang
Persib Bandung/jurnalsoreang /

Baca Juga: Legislator F PKS Miharep Bupati Bandung Sagancangna Laksanakeun Perda Nomer 10 Taun 2021

Wiraga minangka kasampurnaan teknikna, wirasa mah mentalitas-moralna, ari wirama nya kaendahan permaenanana.

Wiraga, wirama, wirasa, antukna ngalahirkeun Pangeran Biru nu percaya diri ku sabab elegan.
Ngelehkeun lawan ku cara wirama, seni maenbal.

Kombinasi kosong-eusi, eusi-kosong, heuras-leuleus liat, leuleus liat-heuras, eta mentalitas jawara Sunda.

Lagu nyitak gul, Persib mindeng nyitak gul nu endah, nu matak numuwuhkeun respek lawan.

Baca Juga: Putri Anjungsari (14)

Kiwari, kamekaran gaya permaenan Persib tangtu loba variasina luyu jeung dinamika kamajuan dunya maenbal, kaasup ayeuna nu keur makalangan di BRI Liga 1 2022/2023.

Najan kitu, lagu tanding teh Persib sing tetep nembongkeun gaya maen nu matak pogot dilalajoanan tur ngahontal prestasi sahade-hadena. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x