Sipat defensif Persib kawentar pisan, tapis dina ngulinkeun “bola pendek.”
Ngarebut katut ngoper bal, eta teh teknik “ngomean” Persib nu kungsi sohor.
Eta sikep ge boga harti yen Persib satekah polah ngamankeun “daerah rumah tangga-na”.
Sambil ngahindar jeung nangkis, bisa neunggeul lawan.
Tanaga lawan dibeakeun, tuluy waktuna dibere “tungtung” alias teunggeulan nu ngarubuhkeun lawan.
Baca Juga: Marimar, Inovasi Dispusip Kabupaten Bandung Méré Luang Cara Ngamankeun Arsip Kulawarga
Ceuk Jakob Sumardjo, eta strategi bertahan teh saenyana mah justru nyerang.
Nilik kana sajarahna, Persib teu weleh midangkeun permaenan nu elegan tur defensif.
Ngaluarkeun jurus “tungtung” mun lawan geus beakeun napas atawa keur balangah.
Eta teh permaenan maenbal nu endah, lir penca silat kembang. Ngahijina wiraga, wirama, jeung wirasa.