Marimar, Inovasi Dispusip Kabupaten Bandung Méré Luang Cara Ngamankeun Arsip Kulawarga

- 1 Februari 2023, 08:19 WIB
Kepala Dinas Perpustakaan dan Arsip (Dispusip) Kabupaten Bandung H. Yosep Nugraha.*
Kepala Dinas Perpustakaan dan Arsip (Dispusip) Kabupaten Bandung H. Yosep Nugraha.* / (SOPANDI/Galura PIkiran Rakyat.com).

GALURA - Dinas Perpustakaan dan Arsip (Dispusip) Kabupaten Bandung mibanda inovasi Marimar (Managemen Arsip Mulai dari Rumah). 

Inovasi ieu diluncurkeun, numutkeun Kepala Dispusip Kabupaten Bandung H. Yosep Nugraha, ku lantaran masarakat umumna can boga kamampuh jeung luang pikeun ngokolakeun arsip kulawarga

"Padahal arsip kulawarga téh kacida penting. Kanggo kaperyogian nu tangtu, aya kalana milari buku nikah, ijazah, sareng sajabina, kokotéténgan hilap nyimpen. Ku margi kitu, sim kuring ngémut peryogi urang ngagaduhan kaparigelan ngololakeun arsip,” ceuk Yosep di kantorna, di Soreang, Salasa (31/1/2023). 

Baca Juga: Legislator F PKS Miharep Bupati Bandung Sagancangna Laksanakeun Perda Nomer 10 Taun 2021

Nu ku Dispusip disorang, mimiti sosialisasi ka identitas rumah tangga. "Domain pokona  sasaranana ka pangurus PKK kanggo nyebarkeun ka Posyandu," pokna. 

Satuluyna, Yosep nyebutkeun, di Dispusip Depo Arsip aya koncing klinik pikeun ngalayanan saha waé masarakat nu ngabutuhkeun luang jeung kamampuh cara ngokolakeun arsip dokumen rumah tangga. 

"Mayarakat tiasa sumping iraha waé ka Dispusip kanggo dilatih nata arsip nu saé, gampil milari sareng cara aman nyimpen arsip," ceuk Yosep. 

Ku luang nu cukup kumaha cara nu aman nyimpen arsip, numutkeun Yosep, bisa ngaantisipasi kamungkinan arsip leungit atawa ruksak ku lantaran kejadian musibat urug, angin lilimbungan, kahuruan, caah, jeung sajabana.***

Baca Juga: Ngarasa Kurang Dipaliré, Sajumlah Patani Pacira Ngangluh ka Distan

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x