Legislator F PKS Miharep Bupati Bandung Sagancangna Laksanakeun Perda Nomer 10 Taun 2021

- 1 Februari 2023, 08:05 WIB
Anggota Fraksi PKS DPRD Kabupaten Bandung Dasep Kurnia Gunarudin.*
Anggota Fraksi PKS DPRD Kabupaten Bandung Dasep Kurnia Gunarudin.* /(SOPANDI/Galura PIkiran Raiyat.com).

 

GALURA - Anggota  DPRD Kabupaten Bandung  Dasep Kurnia Gunarudin,  miharep ka Bupati Bandung Dadang Supriatna sangkan sagancangna ngalaksanakeun Perda Nomer 10 Taun 2021 demi kapentingan jeung kabutuhan patani.

Hal ieu ditepikeun ku legislator Fraksi PKS asal Dapil 1 waktu dipénta kamandangna ngeunaan aspirasi sakelompok patani nu ditepikeun ka Dinas Pertanian (Distan), Kabupaten Bandung, di Soreang, Salasa (31/1/2023).

Dasep nétélakeun, dirina narima informasi, lamun Perda kasebut teu dilaksanakeun waé, para patani nu jumlahna réwuan baris ngadatangan Pemda Kabupaten Bandung.

Dasep cumeluk ka Pamaréntah Kabupaten Bandung sangkan sagancangna ngimplementasikeun Perda ngeunaan panyalindungan jeung pemberdayaan patani ieu, ku lantaran tujuanana jelas dasarna pikeun karaharjaan patani ku ngutamakeun kapentinganana.

“Jadi sim kuring miharep ieu Perda bisa sagancangna dijalankeun, komo deui apanan ieu Perda ieu téh tos disahkeun dua taun ka pengker,” ceuk Dasep.***

Baca Juga: Ngarasa Kurang Dipaliré, Sajumlah Patani Pacira Ngangluh ka Distan

Baca Juga: Marimar, Inovasi Dispusip Kabupaten Bandung Méré Luang Cara Ngamankeun Arsip Kulawarga

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x