Usum Ngijih, Peternak Jangkrik di Kuningan Elat Panen, Tri : Kudu Leuwih Tulaten

- 31 Januari 2023, 17:57 WIB
Tri Prayitno (47), peternak jangkrik di Kelurahan Ciporang, Kecamatan/Kabupaten Kuningan, Dina usum ngijih Kiwari kudu tulaten nalingakeun jangkrik.
Tri Prayitno (47), peternak jangkrik di Kelurahan Ciporang, Kecamatan/Kabupaten Kuningan, Dina usum ngijih Kiwari kudu tulaten nalingakeun jangkrik. /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-alila usum ngijih kiwari, Tri Prayitno (47) peternak jangkrik di wewengkon Kabupaten Kuningan, kudu nyaluyukeun kana kondisi cuaca.

Eta ku sabab jangkrik henteu paya ku hawa tiis. Lamun henteu paeh, hawa tiis mangaruhan kana mekarna jangkrik anu dibudidayakeun.

Baca Juga: Elang Jawa Jelita jeung Parama Dikencarkeun di Wewengkon TSI Cisarua Bogor bari Dpasangan GPS

"Ku margi saban dinten hujan, hawa tiis, janten elat panen," ceuk Tri, peternak jangkrik di lelewek Kelurahan Ciporang, Kecamatan Kuningan.

Dumasar anu kaalaman ku manehna,  panen jangkrik elat lantaran pangaruh hawa tiis nu beda ti sasari.

Baca Juga: Cek Bobotoh, Persib Kudu Meunang Meh Aya di Puncak Klasemen Deui, Ieu Link Live Streaming Persib vs PSIS

Tri ngeceskeun, lamun dina usum halodo umur jangkrik bisa dipanen dina waktu 25-30 poe ti mimiti nebarkeun endog jangkrik.

Dina usum hujan mah, ceuk Tri, bisa ngahontal 35-40 poe kakara bisa dipanen. Normalna, umur 30 poe kakara bisa dipanen.

"Jangkrik ngabutuhkeun cara –cara husus dina usum ngijih," pokna.

Baca Juga: Carita Sagedengeun Tukang Bangunan: Beungeut Maneh Teu Ngelot!

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x