Elang Jawa Jelita jeung Parama Dikencarkeun di Wewengkon TSI Cisarua Bogor bari Dpasangan GPS

- 31 Januari 2023, 16:15 WIB
IIlustrasi elang jawa atawa heulang nu dikencarkeun di TSI Cisarua, Bogor
IIlustrasi elang jawa atawa heulang nu dikencarkeun di TSI Cisarua, Bogor /Pixabay/sarangib/

GALURA - Dua heulang atawa elang jawa nu ngaranna Jelita jeung Parama dikencarkeun ka alam bebas di wewenkon Taman Safari Indonesia (TSI), Cisarua, Kabupaten Bogor, Jawa Barat, Senen 30 Januari 2023 kamari.

Tapi, Jelita jeung Parama teu dikencarkeun kitu wae ku pihak Taman Nasional Gunung Halimun Salak (TNGHS)na. Samemehna dina awakna dipasangan heula alat sistem pemosisi global atawa GPS.

Eta teh sangkan kamana wae Jelita jeung Panama hiber kanyahoan, kaasup kamana jeung di mana neangan hakaneunana.

Baca Juga: Konsep Tri Tangtu di Sunda, Beda jeung Trias Politika Mantesquieu

Baca Juga: Baheula alam Tatar Sunda Mere kahirupan jeung Huripna, Ayeuna...

Baca Juga: Pranatamangsa Sunda, Usum Hujan Panen Suung Cirina Siraru Rabeng

"TNGHS ngahaja ngencarkeun Jelita sareng Panama bari dipasangan GPS. Taya sanes kanggo nalingakeun kamana hiberna eta manuk," cek panaliti TNGHS, Cici Nur Fatimah sakumaha anu diwartakeun ku Antara.

Cici netelakeun, salila ieu, mun pihakna hayang nalingakeun kamana leosna elang Jawa di TNGHS, sok ku cara nalingakeun langsung atawa radio.

Ngan ayeuna mah, cenah, bisa ngandelkeun GPS nu beuratna 21 gram nu dipasangkeun dina awak Jelita jeung Parama.

Baca Juga: Palakiah Ngadeteksi Santet, Sihir atawa Teluh Cek Ahli Spiritual Jawa Mbah Yadi : Gayem Daun Seureuh !

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: jabar.antaranews.com


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x