Usum Ngijih, Peternak Jangkrik di Kuningan Elat Panen, Tri : Kudu Leuwih Tulaten

- 31 Januari 2023, 17:57 WIB
Tri Prayitno (47), peternak jangkrik di Kelurahan Ciporang, Kecamatan/Kabupaten Kuningan, Dina usum ngijih Kiwari kudu tulaten nalingakeun jangkrik.
Tri Prayitno (47), peternak jangkrik di Kelurahan Ciporang, Kecamatan/Kabupaten Kuningan, Dina usum ngijih Kiwari kudu tulaten nalingakeun jangkrik. /AJUN MAHRUDIN/

Ceuk Tri, satuluyna, saban peternak jangkrik ngalakonan cara husus pikeun nyegah elatna panen.

Kaaasup tarekah sangkan jangkrik bisa kapanen dina waktuna, nyaeta ku cara mere parab nu ngandung gizi jeung vitamin maneuh saban poe.

Eta pikeun ngaronjatkeun daya tahan awak jangkrik sangkan kuat tina pangaruh hawa tiis.

Baca Juga: Lima Kasakit nu Kudu Dijauhkeun, papagon Sanghyang Siksa Kandang Karesian

Ceuk Tri, satuluyna, lamun cuaca atawa iklim keur normal, biasana parab jangkrik teh poor, jeung jenis parab sejenna, nu biasa dipake parab hayam.

Sanajan sacara kaelmuan tacan aya parab husus pikeun jangkrik, dumasar pangalaman parab hayam nu biasa diical di toko cocog kanggo parab jangkrik," pokna.***

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah