Ngarasa Kurang Dipaliré, Sajumlah Patani Pacira Ngangluh ka Distan

- 31 Januari 2023, 21:51 WIB
Sajumlah patani ti Pacira ngadongdon  Kantor Dinas Pertanian (Distan) Kabupaten Bandung di Soreang pikeun ne pikeun aspirasi. *
Sajumlah patani ti Pacira ngadongdon Kantor Dinas Pertanian (Distan) Kabupaten Bandung di Soreang pikeun ne pikeun aspirasi. * /Sopandi/Galura.pikiran-rakyat.com/

GALURA- Sababaraha urang nu ngaku ngawakilan ratusan patani ti wewengkon  Kecamatan Pasirjambu, Ciwidey jeung Rancabali (Pacira), ngadongdon kantor Dinas Pertanian (Distan) Kabupaten Bandung, di Soreang, Salasa (31/1/2023).

Maranéhanana nepikeun sajumlah aspirasi, jeung bangbaluh  patani nu ngarasa kurang dipaliré ku pamaréntah.

 

Wawan Setiawan, Ketua Kelompok Tani Bumi Jaya, Desa Nangkelan, Kecamatan Ciwidey, salah sahijina nétélakeun, kadatanganana ditarima   Sekretaris Distan Kabupaten Bandung H. Agus Mulya.

Baca Juga: Usum Ngijih, Peternak Jangkrik di Kuningan Elat Panen, Tri : Kudu Leuwih Tulaten

Salah sahiji pameredih para patani téh, ceuk Wawan sangkan Perda Nomer 10 taun 2021 sagancangna dilarapkeun.

"Ku margi ieu perkawis nasib petani sa Kabupaten Bandung.  Upami ieu henteu diperhatoskeun duka kumaha nasib patani ka payun,” ceuk Wawan.

 

Numutkeun Wawan, pihakna geus nepikeun kabéh aspirasi ka Sekretaris  Distan, "Saur Sekdis kahoyong  sim kuring saparakanca badé didugikeun  ka Kadistan, salajengna ka Bupati Bandung, " pokna.

Baca Juga: Bupati Kabupaten Bandung Barat Hengky Kurniawan : Rehabilitasi Jalan Pakidulan Rp 285 miliar

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x