Ngudag Target Pajeg, Bapenda Majalengka tepi ka Bubulusukan Ngadistribusikeun SPPT PBB ka Desa jeung Kalurahan

- 1 Februari 2023, 09:30 WIB
Bapenda  Kabupaten Majalengka keur ngudag target pajeg taun  2023 tepi ka bubulusakan ka desa-desa.
Bapenda Kabupaten Majalengka keur ngudag target pajeg taun 2023 tepi ka bubulusakan ka desa-desa. /

GALURA -Bapenda Kabupaten Majalengka teu reureuh bubulusukan ka kecamatan nepi ka desa atawa kelurahan ngadistribusikeun Surat Pemberitahuan Pajak Terhutang Pajak Bumi dan Bangunan (SPPT PBB) di munggaran taun 2023

Kepala Bapenda Kabupaten Majalengka, H Irfan Nur Alam, netelakeun bubulusukan ngadistribusikeun SPPT PBB teh udaganana pikeun ngoptimalkeun kinerjana dina ngudag target pendapatan daerah tina sektor PBB.

Senen kamari (30/01/03), Bapenda Kabupaten Majalengka ngadistribusikeun SPPT PBB di wilayah Kecamatan Kertajati, Jatitujuh, Kadipaten, Kasokandel jeung Kecamatan Dawuan sakalian bari jeung masrahkeun hadiah pikeun desa nu lunas PBB saacan jatuh tempo sarta desa nu lunas panggancangna.

Baca Juga: Ngarasa Kurang Dipaliré, Sajumlah Patani Pacira Ngangluh ka Distan

"Saluyu sareng agenda katut tahapanna, di munggaran taun ieu, dioptimalkeun masrahkeun SPPT PBB ka sakumna wajib pajeg," ceuk Irfan Nur Alam, Senen (30/01/2023).

Lain ngan saukur masrahkeun SPPT PBB wae, dina eta kasempatan Kepala Bapenda Kabpaten Majalengka ngamotivasi, sarta rojongan ka eta lima kecamatan nu aya di wilayah Kaler Majalengka pikeun leuwih ngoptimalkeun deui potensi nu dipibandana.

"Jalin koordinasi nu masif antawis kecamatan katut desa sakantenan ngawangun kasadaran masarakat pajeg ka masarakat. Margi dina prinsipna hasil tina pajeg bakal diwangsulkeun ka masarakat mangrupi pangwangunan sareng program kanggo karaharjaan rayat," ceuk Irfan.

Sawatara eta, Camat Kertajati, H. Tris Suseno ngawakilan 4 Kacamatan lianna ngahaturnuhunkeun ka Bapenda Kabupaten Majalengka nu masrahkeun langsung SPPT PBB taun 2023.

Baca Juga: Ketak Pemprov Jawa Barat Dina Nangtayungan Observatorium Boscha, Ridwan Kamil : Ulah Kaganggu Kapentingan Saa

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x