SMP Pasundan 12 Kota Bandung Adumanis Tahfidz Qur’an jeung Pendidikan IT Coding

- 27 Maret 2024, 10:22 WIB
SIswa SMP Pasundan 12 Kota Bandung suhud diajar IT.
SIswa SMP Pasundan 12 Kota Bandung suhud diajar IT. /Cececp KS/galura.co.id

 

 

GALURA.CO.ID -Ayana atikan tahfidz di lingkungan SMP Pasundan 12 Kota Bandung, ceuk pupuhuna, Zainal Hakim, SE., S.Pd., keur ngatik siswa didik sangkan boga kamampuan maca, ngapalkeun, neuleuman jeung ngamalkeun eusining al Qur’an. “Diajar maca al Qur’an, istilahna, tahsin, ari ngapalkeun al Qur’an mah, istilahna tahfidz,” pokna.

Liwung gandrung Tahfidz di lingkungan SMP Pasundan 12 nu alamatna di Jalan Sarirasa Nomer 130, Sarijadi, Kota Bandung, memang jadi garapan nu maneuh keur Zainal mah. “Simkuring, gaduh harepan sakumna siswa fashohah dina maca al Qur’an,” pokna.

Tahfidz Qur’an, Zainal nyambungkeun obrolanana, jadi mega program, gumulung ngahiji jeung program diajar neuleuman Basa Arab katut program pendidikan IT/Coding sarta Canva.  Pamadegan jeung patekadan Zainal, dina galeuh-galeuh kahirupan, atikan keur siswa didik kudu saimbang, antara elmuning agama jeung elmuning darigama.

Baca Juga: Optimalkeun Sarana di Sakola, Pj Bupati Kuningan Apresiasi Disdik Jabar

Matakna, keur ngudag siswa nu binekas, parigel jeung inovatif, malahmandar tepi ka bisa ngalahirkeun SDM siswa nu jadi andelan pikahareupeunna, atikan hususna siswa diatik mahir kana dunya teknologi informasi IT/Coding. “Paneka zaman, kiwari meredih kamampuhan siswa dina widang IT,” pokna.   

Dina tradisi Tahfidz Qur’an, ceuk Zainal, guru agama atawa muhaffiz jeung guru Basa Arab, dibere pancen ngabingbing para siswana diajar maca jeung neuleuman elmuning al Qur’an. Para guruna dipalar nyieun kurikulum jeung metoda nu ngajurung para murid daria diajar maca al Qur’an katut mesek eusina, diajar faseh Basa Arab. 

Neuleuman al Qur’an, di lingkungan sakola, sapopoena para siswa diwajibkeun ngalaksanakeun program setoran: setoran kamampuhan hafalan maca al Qur’an ka nu jadi guruna. Cindekna, geus tepi ka kamana kamampuhan hafalan al Qur’an, bisa disalusur ku para guruna dina program Sima’an al Qur’an.

Para siswa bagilir diuji kamampuhan maca al Qur’an, satuluyna Muraja’ah jeung Talaqqi, para siswa ngulang deui maca hafalan al Qur’an. Para siswa nu diajar Tahfidz Qur’an, para guruna, ceuk Zainal, boga kawajiban bin-nazar, merhatikeun potensi jeung kamampuhan maca Qur’anna, Bil-ghaib, diajar nalar al Qur’an.  

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, Sakola Unggulan jeung Nyiptakeun Atlit Petingan

“Para siswa nu geus apal al Qur’an, mampu maca sa-juz, wajib ngalaksanakeun khatam Qur’an,” pokna. Tahfidz Qur’an, keur di lingkungan SMP Pasundan 12 Kota Bandung, lian geus jadi tradisi, oge bagean tina syiar Agama Islam. Tarekah ngabumikeun al Qur’an.

Salasaurang siswa SMP Pasundan 12 Kota Bandung miluan sidang Tahfidz.
Salasaurang siswa SMP Pasundan 12 Kota Bandung miluan sidang Tahfidz.

“Para siswa ngalaksanakeun sima’an al Qur’an, dibandungan ku para guru tepi ka khatamna. Sima’an al Qur’an dipungkas ku doa khotmil Qur’an,” pokna.  

Di lingkungan SMP Pasundan 12 Kota Bandung, keur siswa didikna aya pilihan kelas. Kelas Unggulan, Kelas Model, Kelas Reguler jeung Kelas Afirmasi/RMP. Kangaranan Kelas Unggulan jeung Kelas Model, dipasing dina sarana katut prasarana KBM,  rohangan kelas make AC, para siswa dibere korsi jeung meja sewang-sewangan.

Saban siswa dilengkepan ku laptop sewang-sewangan,  loker, proyektor jeung wifi. Program pangajaranna, ngawengku, Kurikulum Merdeka, Belajar Baca Al Qur’an, Tahfidz, Bahasa Arab, Teknologi Informasi Koding jeung Canva, katut Program Pengabdian  Masyarakat, atuh pilihan eskulna ge variatif, gumantung kahayang siswa.  “Diajarna ngan lima poe, ti mimiti jam 07.00 tepi ka jam 14.00,” pokna.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi Nyiptakeun Sakola Unggulan jeung Atlit

Husus Kelas Model, sarana rohangan kelasna dilengkepan ku air cooler, meja jeung korsi sewang-sewangan, saban siswa dibere hiji laptop, proyektor jeung wifi. Make Kurikulum Merdeka, diajar maca al Qur’an, Tahfidz, diajar lima poe ti mimiti jam 07.00 tepika jam 12.00, pilihan eskul variatif.  

Nya kitu deui, Kelas Reguler jeung Kelas Afirmasi/RMP, sarua deuih sarana rohangan kelas dilengkepan ku air cooler, meja jeung korsi keur siswa sewang-sewangan, proyektor katut Wifi. Make Kurikulum Merdeka, diajar maca al Qur’an, diajarna lima poe ti mimiti jam 07.00 tepika jam 12.00 jeung jam 12.30 tepi ka jam 17.30, eskulna ge variatif.

“Dina atikanna SMP Pasundan 12 kudu mibanda kaunggulan, mampu mapakan 8 sakola negeri jeung sajumlah sakola swasta sejenna nu aya di sabudeureunana,” pokna.

SMP Pasundan 12 Kota Bandung, euyeub ku prestasi ekstrakurikuler, Gerakan Pramuka ngaleler prestasi tepika tingkat Kotamadya Bandung, ninun prestasi widang penca silat, katut prestasi sejenna. Matakna, teu ieuh jadi helok, mun jumlah siswana saban taun teu weleh undak. “Seueur siswa nu daptar ka dieu, namung ditolak patali kawatesan sarana rohangan kelas,” ceuk Zainal nutup wangkongan.  

Zainal Hakim, SE., S.Pd Ngaronjatkeun Sakola Perjuangan

Ngaronjatkeun kualitas atikan, kudu alus kelirna. “Paneka jaman, kaayeunakeun, meredih sakola, nyiptakeun SDM siswa unggulan keur bekel hirup pikahareupeunana. Euyeub dina prestasina,” kitu wangkongan Kepala SMP Pasundan 12 Kota Bandung, Zainal Hakim, SE., S.Pd ka Galura di rohangan gawena.

Baca Juga: HM Hasbullah Rahmad Ngawangun Sakola Anyar jeung Rutilahu di Kota Depok

Udagan nyiptakeun siswa nu leubeut ku prestasi, ceuk Zainal nu hirup ti bubudak di lingkungan pasantren, pamianganna tina atikan agama Islam. “Sakumna siswa, kudu pageuh kapribadianna ku bekel aqidah agama Islam, mun mentalitasna geus disipuh ku atikan agama, insya Alloh, lengkah hirupna moal ieuh pikamelangeun, aya ugeran akhlak dina dirina, moal kabawa ku sakaba-kaba,” pokna.

Kepala SMP Pasundan 12 Kota Bandung, Zainal Hakim, SE., S.Pd , raket jeung siswa didikna.
Kepala SMP Pasundan 12 Kota Bandung, Zainal Hakim, SE., S.Pd , raket jeung siswa didikna.

Matakna, teu ngabibisani, ieu caroge Rina Nurliana nu geus kasugerahan tilu seueweu teh, dina prak-prakanna mupuhuan sakola, atikan pendidikan ka para siswana teu ngaleupaskeun tina adumanis atikan agama jeung darigama. “Atikan di sakola umum, tangtu moal aya tapakna mun dina atikanana teu diwewegan ku atikan agama Islam,” pokna.

Mupujuhkeun atikan agama, mega program nu diwangun ku Kelas Unggulan, Kelas Model, Kelas Reguler jeung Kelas Afirmasi, nyata, neueul kana ngabumikeun al Qur’an.”Para siswa kudu fasohah, hirupna ulah buta al Qur’an, eta konci keur nanjeurkeun akhlakna, disagigireun syiar Islam,” pokna.  

Luyu jeung program YPDM Pasundan katut Paguyuban Pasundan, udagan Zainal, tukuh nyiptakeun siswa didikna nu Nyantri, Nyunda jeung Nyakola. “Sakumna murid di SMP Pasundan 12 Bandung, kudu pengkuh agamana, luhung elmuna jeung jembar budayana,” pokna.

Luhung elmu katut jembar budayana, dihartikeun ku Zainal, para siswa didikna, hirupna kudu masagi. Lian ti pengkuh kana agama, siswa didikna ngabogaan kaparigelan, nu onjoy ti batur. “Tah, di dieu mah, murid teh sadayana diatik kamampuan kana komputer, kamampuhan IT, ngarah hirup teu tinggaleun, ngigelan paneka zaman nu mingkin kompetitif,’ pokna.

Tarekah usaha Zainal, dirojong ku sakumna guru jeung karyawan, geus hasil nyiptakeun SMP Pasundan 12, sakola perjoangan nu leubeut ku prestasi. Binarung reueus, ieu putra mantan pejabat di lingkungan RRI Bandung, Endang Soleh suargi jeung Ibu Imas teh, moal aya kendatna satekah polah nanjeurkeun SMP Pasundan 12 Kota Bandung, jadi sakola unggulan, sakola nu jadi pilihan masarakat.

“SMP Pasundan 12, sakola perjoangan, atikanna kudu beda ti sakola nu sejen, leubeut ku prestasi akademik jeung non akademik,” ceuk ieu incu Kyai nu ngadegkeun Pasantren al Inayah di wewengkon Cijarokaso teh.*** Cecep Ks.   

 

 

 

 

 

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x