SMP Roudlotul Ulum Bandung Barat, Ngadumaniskeun Kurikulum Nasional jeung Pasantren

- 6 Februari 2023, 14:45 WIB
SMP Roudlotul Ulum nu aya di lingkungan Ponpes Roudlotul Ulum, Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat./ DOK. SMP ROUDLOTUL ULUM
SMP Roudlotul Ulum nu aya di lingkungan Ponpes Roudlotul Ulum, Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat./ DOK. SMP ROUDLOTUL ULUM /


GALURA – Sekolah Menengah Pertama (SMP) Roudlotul Ulum dina ketakna teh ngalaksanakeun pendidikan Islam terpadu.

Tarekah ngaronjatkeun hasil pangajaran peserta didik SMP Roudlotul Ulum dipiharep malar luyu jeung standar kalawan ngadumanisna kurikulum nasional jeung pasantren.

Dibarung udagan ngagumelarkeun SDM muslim nu mibanda ahlakul karimah sarta mandiri, SMP Roudlotul Ulum terus ngamekarkeun pendidikan nasional nu nyoko kana ajen pasantren.

Baca Juga: Pamarentah Nyetop Sumebarna Ubar Nurunkeun Panas Merek Praxion, Cenah Ngalantarankeun Kasakit Ginjal Akut

Ku kituna, dina sakuma proses pangajaran di SMP Roudlotul Ulum, notog kana ihtiar ngagumelarkeun generasi Muslim nu iman, mundel elmuna, boga amal jeung ahlak hade, didasaran ku manhaj ahlussunnah wal jamaah.

SMP Roudlotul Ulum teh perenahna di lingkungan Ponpes Roudlotul Ulum, Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Waktu dikolongan di pondokna, sawatara waktu kaliwat, sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum, KH Ubaidillah AB, ngeceskeun, alhamdulillah sanggeus samemehna teh ngadeg pasantren, laju ngadegkeun oge diniyah.

Baca Juga: Kapolsek Sindangwangi Polres Majalengka, Binluh di SMAN 1 Sindangwangi

Ngadegna diniyah, salasahijina SMP Roudlotul Ulum, udaganana geusan ngigelan kamekaran jaman.

Anapon ngadumanisna kurikulum pendidikan nasional jeung pasantren, boga tujuan sangkan peserta didik mampuh milampah kahadean dibarengan ku wawasan kaelmuan reujeung teu weleh ngamekarkeun sarta ngalarapkeun ajaran Islam dina kahirupan sapopoe.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x