“Ngadumanisna pendidikan kurikulum nasional jeung pasantren teh dibarung usaha mateakeun sikep peserta didik pikeun leuwih mikanyaho, ngalenyepan, turta ngalarapkeun ahlakul karimah dina kahirupan sapopoe,” ceuk KH Ubaidillah.
Baca Juga: Bobotoh Persib taun 1960an, Persib Maen Kandang, di Limbangan Endog Hayam dina Sayang Ledis
Lian ti eta, nguniangkeun sumanget sakur peserta didik pikeun mibanda pola pikir ilmiah, kreatif, katut eksploratif.
Sedengkeun dina perkara ngamekarkeun kecerdasan emosional katut spiritual, eta boga tujuan malar dina jiwa peserta didik teh tumuwuh rasa miduli ka papada sasama.
Di SMP Roulotul Ulum aya rupaning kagiatan ekstrakurikuler seperti Pramuka, futsal, klub majalah dinding (mading), literasi-jurnalistik, penca silat, Paskibra, tilawah, tur remaja masjid.
Baca Juga: Seni Pantun Sunda keur Ngahornat Nyi Pohaci, Beda jeung Pantun Melayu
Tah, proses pangajaran di SMP Roudlotul Ulum dirojong ku fasilitas lapangan olahraga, ruang UKS, perpustakaan, lab komputer, sarta asrama pamondokan.
Ceuk KH Ubaidillah, mekelan peserta didik ku ajen-inajen tauhid sarta ajen sejenna nu luyu jeung ajaran Islam, eta teh minangka hal nu utama.
Ihtiar ngamekarkeun potensi SDM dimimitian tina pondasi pendidikan sagemblengna, nyaeta kaimanan, katakwaan, jeung ahlakul karimah.
Baca Juga: Ronggeng Gunung ti Banjarsari Kabupaten Ciamis, Balas Dendamna Dewi Siti Samboja ka Kala Samudra