Ekskul Literasi jeung Jurnalistik SMK Roudlotul Ulum, Ngokolakeun Mading PENA RU jeung Buletin Sakola

- 28 Januari 2023, 06:49 WIB
Kagiatan pangajaran ekskul literasi-jurnalistik di SMK Roudlotul Ulum, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, sawatara waktu kaliwat.*
Kagiatan pangajaran ekskul literasi-jurnalistik di SMK Roudlotul Ulum, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, sawatara waktu kaliwat.* /RAMELI AGAM/

GALURA – Ekskul atawa ekstrakurikuler literasi jeung jurnalistik di SMK Roudlotul Ulum téh boga maksud ngawangun kelompok-kelompok literasi sarta jurnalistik di kalangan siswa.

Ekskul literasi jeung jurnalistik SMK Roudlotul Ulum ogé minangka sarana siswa ngamekarkeun minat tur bakat kana bagbagan literasi jeung jurnalistik.

Tina éta ekskul literasi jeung jurnalistik SMK Roudlotul Ulum, dipiharep siswa mingkin kaasah kamampuhna ti mimiti tatahar, nulis, ngédit, tepi ka lagu nepikeun informasi ka masarakat, utamana di lingkungan sakola.

Baca Juga: Ponpes Roudlotul Ulum, Lalakon 20 Taun Ihtiar Geusan Ngagumelarkeun SDM nu Mibanda Ahlakul Karimah

Tah, éta rupaning informasi téh laju ditepikeun ku cara ngamangpaatkeun rupa-rupa media kayaning majalah dinding (mading) PENA RU atawa buletin sakola.

Media mading PENA RU jeung buletin sakola SMK Roudlotul Ulum nu dikokolakeun ku peserta ekskul literasi-jurnalistik dipiharep jadi platform pikeun nepikeun rupa-rupa informasi sabudeureun sakola sarta minangka sarana ekspresi kreativitas literasi siswa.

Waktu ditepungan, Wakil Kepala SMK Roudlotul Ulum Bidang Kesiswaan, Eman Suherman S.Hum, ngeceskeun, ka hareupna, luyu jeung kamekaran jaman, éta ekskul literasi-jurnalistik téh lain waé diancokeun pikeun ngokolakeun mading PENA RU jeung buletin sakola.

Tina ekskul literasi-jurnalistik gé dipiharep tumuwuh kaparigelan peserta enggoning ngokolakeun informasi dina wanda platform media sosial internet.

SMK Roudlotul Ulum téh perenahna di Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x