Raja Sindangkasih, Nyi Rambut Kasih, ka Kuningan, Ngumaha Pedah Urang Cirebon Mamaksa Dirina Pindah Ageman

3 Maret 2023, 12:00 WIB
Novel Nyi Rambut Kasih, karya Aan Merdeka Permana. Peda urang Cirebon mamaksa dirina pindah ageman, Nyi Rambut Kasih miang ka Kuningan, menta tulung sangkan urang Cirebon ulah openan kana ageman nu beda jeung ageman urang Cirebon. /Nding Masku/Galura

 

GALURA -Karajaan Sindangkasih téh karajaan leutik di wewengkon Majalengka kiwari jaman mimiti sumebarna Islam di Tatar SUnda. Legénda raja pamungkasna, Nyi Rambut Kasih, ogé dipikawanoh ku urang Kuningan.

Nyi Rambut Kasih, ratu ti Karajaan Sindangkasih (kiwari Majalengka) kungsi ka Kuningan. Kitu ceuk sejarah tradisional di Désa Pajawanlor, Kacamatan Ciawigebang, Kabupatén Kuningan.

Batu nu dianggap urut tatapakan saung paranti reureuh Nyi Rambut Kasih waktu lalampahan ti Sindangkasih ka Kuningan ogé aya kénéh, sarta dianggap boga kaahéngan.

Baca Juga: Di Desa Nunuk Baru Rea Patilasan, Di antarana Makam Arya Saringsingan, Senapati Karajaan Talada Manggung

Pangna ka Kuningan, hiji mangsa Nyi Rambut Kasih katatamuan ku utusan ti Cirebon. Tamuna teh di antarana Syéh Abdulmuhyi, nu jagana lalampahanana dituluykeun ka Tasikmalaya jeung Syéh Bayanullah nu engkéna tetep tumetep di Kuningan.

Syéh Abdulmuhyi jeung Syéh Bayanullah ngajak sangkan Nyi Rambut Kasih ngagem agama Islam. Ageman nu ti heula kudu ditinggalkeun. Nyi Rambut Kasih nampik sapajodogan.

Ku Nyi Rambut Kasih duana disina mulang deui ka Cirebon. Samulangna utusan ti Cirebon, Nyi Rambut Kasih ngaraga meneng. Dina eronganana bakal datang deui utusan.

Nu dipikhariwangna, ku remen-remena utusan ti Cirebon datang ka Karajaan Sindangkasih, tangtu bakal jadi bibit buit nu teu hadé keur karajaanana. Anu dipikahariwang ku Nyi Rambut Kasih teh balukar keur rahayatna.

Baca Juga: Putri Anjungsari (44), Tukang Warung Lain Somahan, Tapi Menak nu Nyamur. Saha jeung Naon Maksudna?

Ny Rambut Kasih meres utekna sangkan bisa nyinglar kahayang Sunan Gunung Djati. Tapi tacan katimu jalan kaluarna. Mun kudu perang, moal bisa ngalawan lantaran pasukan Cirebon kawilang tohaga.

Karajaan Sindangkasih lain kaasup karajaan badag, mun dikategorikeun mah teu jauh ti buyut haden (satingkat kabupatén). Geus kajudi sageprakan ogé bakal kasoran.

Antukna Nyi Rambut Kasih boga pamikiran hayang ngawangkong jeung Wangsakera di Luragung. Rék ngumaha sangkan urang Cirebon henteu neregteg teuing datangna.

Paling henteu urang Cirebon ngahargaan karajaan nu rajana teu ngagem agama nu sarua jeung urang Cirebon. Ulah mamaksa pindah ageman.

Baca Juga: Cek Dam Cisuluhan di Desa Nunuk Baru Dibangun ku Kolonial Belanda keur Nyebor Binih Tatangkalan

Miangna ka Luragungna mapay-mapay tutugan Gunung Cireme beulah kalér. Mun ngaliwatan Gunung Gundul (Palimanan), hég maké karéta kuda wadya balad Cirebon bakal nyarahoeun.

Nyi Rambut Kasih dibaturan ku embanna sababaraha urang, teu dikawal ku prajurit. Dalah dirina ogé teu nyirikeun ratu, nyamur jadi masarakat biasa nu sok ka leuweung.

Nu matak teu anéh, ti Sindangkasih ka Luragung nepi ka tujuh poéna. Lalampahan sakitu lilana kaharti sabab pangawak awéwé.

Méméh ngajugjug ka puser dayeuh Luragung, Nyi Rambut Kasih sindang heula di daérah leuweung gerotan nu kiwari katelah Désa Pajawanlor. Bisa jadi harita tapel wates antara Luragung jeung Kajené (Kuningan).

Baca Juga: Sultan Cirebon Dijajah ku Kumpeni jeung Belanda Kakawasaanana Dicabut

Éta lelewek katalikung ku walungan. Beulah kalérna, mun kiwari ti Desa Pajawanlor, Cisandé nu engkéna ngamuara ka Cisanggarung. Kaléreunana deui Ciporang, kiduleunana Cikuda.

Ciporang jeung Cikuda tepung di Cisandé. Mun ditingali ti luhur maké kapal udara, walungan-walungan bieu ampir sarua jeung trisula,

Lantaran daérahna matak pikabetaheun, iuh linduh bari jeung cai hérang cur-cor Nyi Rambut Kasih betaheun cicing di dinya. Ngahaja nyieun tempat pangreureuhan, ngadegkeun sasaungan.

Tihang-tihangna nu jumlahna opat maké batu tatapakan nu bentukna pasagi. Ngan tempat atawa sasaungan nepi ka kiwari tacan kapanggih.

Baca Juga: Episode Perjoangan Bagus Rangin, Ngalawan Kolonial Belanda jeung Kolonial Inggris

Batu tatapakanana nu kapanggih ngan hiji. Anu tilu deui mah duka ka mana. Kira-kira taun 60-an batu pasagi opat pating arenclo disababarah tempat, teu béda keur tihang saung. Ukuranana teu sarua, nu hiji tilu kali opat metér, nu dua kali dua metér aya kana lima sikina,

Di éta patempatan, Nyi Rambut Kasih, ngajurungan saurang embanna nu ngaranna Nyi Gedé Tapa sangkan nepungan Wangsakera di Luragung. Teu talangké deui Nyi Gedé Tapa nuluykeun lalampahan ka Luragung. Ari Nyi Rambut Kasih jeung emban nu liana angger nyaung-nyaung di éta patempatan.

Tilu poé ti harita, Nyi Gedé Tapa ngurunyung. Cenah jeung Wangsakera téh henteu panggih lantaran geus indit ka Talaga alatan dipapaksa sina asup agama Islam ku kapiuwana nyaéta Arya Kamuning.

Di Luragung ogé urang Cirebon keur tihotahat nyebarkeun agama Islam. Wangsakera jeung Arya Kamuning masih kénéh sarundayan, turunan Ki Gedé Luragung,

Baca Juga: The Conquest of Java Ngagambarkeun Rongkahna Perjoangan Bagus Rangin

Arya Kamuning atawa Bratawijaya keur soson-soson ngawanohkeun jeung nyebarkeun agama Islam. Arya Kamuning sanggeus bisa ngislamkeun urang Kuningan jadi kapercayaan Sunan Gunung Djati, sarta tuluy cicing di Crebon.

Ceuk ujaring carita, kalan-kalan Arya Kamuning mantuan ngislamkeun wewengkon Dermayu, bareng jeung Sunan Gunung Djati. Pangpangna dina meruhkeun Wiralodra.

Atawa milu perang jeung pasukan Cirebon, upamana ngarebut Sunda Kalapa jeung ngarurug puseur dayeuh Karajaan Sunda, Pakuan-Pajajaran (Bogor).

Meunang béja kitu ti utusanana, Nyi Rambut Kasih gura-giru ninggalkeun sasaunganana, balik deui ka Talaga, seja néangan Wangsakera jeung bisi kanyahoan mantén ku Arya Kamuning.

Baca Juga: Pangeran Kornel nu Ngabantuan Kolonial Belanda Ampir Tiwas Dipanah ku Bagus Manuk

Ceuk parasejarawan, Karajaan Sindangkasih téh karajaan leutik. Bisa jadi karajaan bawahan karajaan Sunda, boh watu puseur dayeuha di Kawali Ciamis boh waktu puseur dayeuhna di Pakuan-Pajajaran (Bogor).

Najan karajaan leutik, Sindangkasih, ceuk sakaol karajaan nu sumur makmur, gemah ripah, rahayatna genah tuminah.

Teu anéh mun dina lambang Kabupatén Majalengka ditulis Sindangkasih Sugih Mukti. Udaganana sangkan urang Majalengka boga patékadan soson-soson ngajalankeun pangwangunan.

Urang Majalengka ogé teu weléh ngarep-ngarep aya pamingpinan nu bener-bener merhatikeun jeung ngamajukeun kahirupan rahayat.

Baca Juga: Asal usul Bagus Rangin, Pajuang Jatitujuh Majalengka, Aya nu Nyebutkeun asalna ti Cireundeu jeunng ti Demak

Dina legénda séjén, Nyi Rambut Kasih atawa disebut ogé Ratu Sindangkasih saterusna ngagem agama Islam. Diislamkeunana langsung ku Sunan Gunung Djati nu ngahaja datang ka Sindangkasih.

Ti dinya, Sindangkasih jadi bawahan Cirebon, leupas ti Karajaan Sunda. Aya ogé vérsi nyebutkeun Nyi Rambut Kasih henteu asup Islam tapi ngahiang.

Ku sabab sumber-sumber sajarahna kurang pisan, carita ngeunaan Nyi Rambut Kasih lolobana mah ukur legénda, kaasup carita nu dipikawanoh ku masarakat Désa Pajawanlor, Kacamatan Ciawigebang, Kabupatén Kuningan.***
Nding Masku 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler