KASAMPAK tukang warung, lalaki umurna sapantar jeung Asmita, keur ngasur-ngasurkeun seuneu, nukangan meja idangan nu diijieun tina kai. Luhureun hawu nagen delok paranti naheur cai, ngan caina tacan ngagolak ari saabna mah geus ngelun. Ngarasa aya nu asup ka warungna, tukang warung ngalieuk, terus nangtung, ngabageakeun.
“Sampurasun,” ceuk Aki Jaya.
“Rampes,” tembal tukang warung.
Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin diariuk dina bangku panjang, nyanghareupan meja. Bangkuna dijieun tina awi, geus herang, cirining loba nu dariuk di dinya jeung mindeng dielapan. Mejana oge sarua dijieun tina awi. Warung teh teu sabaraha gedena, ngan katempona asak piara jeung parabot dapur, paranti dahar, paragi nginum puguh nempatkeunana.
Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara
“Geus aya ruhayan hawu teh?” ceuk Atus.
“Tara pareum ruhayna mah, ngarah babari ngahurungkeun seuneu. Deuk meuleum naeun kitu?” tembal tukang warung bari nyokot cangkir batok kalapa.
“Tadi keur mandi di walungan, pangangguran ngobeng. Kabeneran meunang,” ceuk Atus deui bari nembongkeun tiiran lauk.