Di Kerkof Dunguswiru Subang Aya Tugu Jangkung, Pangeling keur Peter William Hofland, Aya Hawa Mistis

- 19 Januari 2023, 16:15 WIB
Beda jeung nu di Kampung Tengger Agung, nu sumare di ieu tempat mah samalah, rea nu percaya, aya dedengkot Walanda pisan, Petter Willem Hofland jeung kulawargana/Galura/Aam Permana S
Beda jeung nu di Kampung Tengger Agung, nu sumare di ieu tempat mah samalah, rea nu percaya, aya dedengkot Walanda pisan, Petter Willem Hofland jeung kulawargana/Galura/Aam Permana S /

GALURA - Dina seratan samemehna, ditetelakeun yen di Subang, ecesna di Kampung Tengger Agung, Desa Sagalaherang Kidul, Kacamarta Sadalagerang aya wangunan nu bleg we candi.

Ngan saenyana, eta teh lain candi, tapi makam. Nyaeta makamna kulawarga Petter Willem Hofland, tuan tanah asal Walanda nu ngawasa perkebunan di Subang puluhan atawa ratusan taun katukang.

Tapi, sajaba di eta tempat, di Subang aya keneh kerkof sejenna. Perenahna di puseur kota, papahareup jeung  makam umum Dunguswiru, jalan MT Haryono.

Baca Juga: Di Kantor Golkar Kang Emil Ngaku Boga 'Follower' Jutaan di Media Sosial, Sabaraha Jumlahna Saenyana?

Beda jeung nu di Kampung Tengger Agung, nu sumare di ieu tempat mah samalah, rea nu percaya, aya dedengkot Walanda pisan, Petter Willem Hofland jeung kulawargana.

Ieu kerkof, ditaksir aya ti taun 1900-an keneh, babakuna sanggeus Subang dikawasa ku Hofland jeung pausahaanna.

Asup ka kerkof, hawa mistis karasa naker. Rarasaan mah nalika aya di komplek kerkof teh, aya nu nenjokeun. Ngawaskeun.

Baca Juga: Kang Emil Asup Golkar, Erick Thohir Ngawilujengkeun, Ieu Conto Kamandang Netijen

Padahal, Galura kukulunuan ka makam teh, pabeubeurang. Ngan kakeukeung teh disieuhkeun ku jiad “ulah ganggu da moal ngagangu”. Hehe.

Di ieu kerkof, aya tugu batu nu jangkungna kira 5 meter.

Ditaksir, eta tugu nu make ornament Eropa teh minangka pangeling-eling atawa dijieun husus keur PW Hofland.

Baca Juga: Jumlah Guru Ngaji geus Nyumponan Jumlah Rombel Najan Aya nu Kudu Ngajar di Dua Kelas

Cek beja, di luhureun tugu teh baheula mah aya patung mirupa Hofland jeung dua patung sejen nu di antarana mirupa wanoa make kudung.

Tapi nya kitu, --sarua jeung nu di Kampung Tengger Agung, patungna leungit ku bangsat, kira taun 2000an.

Nurutkeun katerangan, patung Hofland jeung hiji patung sejenna mirupa wanoja dikudung teh ahirna aya nu manggihan.

Baca Juga: Soal Kang Emil Asup Golkar, Philips J Vermonte : Lengkah nu Merenah Tur Strategis keur Duanana

Eta patung saterusna diteundeun di Museum Wisma Karya, sangkan aman atawa taya nu mawa deui. Hanjakalna, hiji patung deui mah teu atawa can kapanggih nepi ka ayeuna.

Di handapeun tugu tea, aya tulisan dina basa Walanda nu mun dihartikeun “Peter Wiliam Hofland, nu mibanda tanah Pamanoekan en Tjiasem Landen, dijurukeun di Jaggarnaikpoeram, Madras 7 September 1802, tilar dunya di Subang 4 Februari 1872”.

Eta tugu ngahaja dijieun ku pamarentahan Walanda keur mieling jeung ngajenan kana kasuksesan Hofland di Subang jeung sabudeureunna.

Baca Juga: Ieu Geuning Alesan Kang Emil Ngagabung ka Partai Golkar Teh, Antarana Wae 'Harewos' Ti Indung jeung Ulama

Teu jauh ti tugu Hofland, aya tetengger nu aya tulisan George Hermanus. Inyana teh nyaeta anak kahiji Peter William Hofland, maot taun 1866. Eta tetengger katingal weweg keneh, tug ka kiwari.

Ngan naha enya PW Hofland teh dikurebkeun di eta patempatan?

Rea keneh nu cangcaya, najan rea oge nu percaya. Pangna rea keneh nu cangcaya sebab nepi ka ayeuna can kapanggih katerangan nu jinek soal enya henteuna Hofland dikurebkeun di dinya.

Baca Juga: Leuweung Jahim, Wisata Alam Pagunungan Ciamis Kalér

Di eta kerkof ge teu kapanggih di mana saenyana titik lokasi Hofland dikurebkeun.

Di handapeun tugu, saenyana aya rohang bawah tanah nu dipiharep ku para ahli bisa jadi pituduh yen Hofland dikurebkeun ti eta tempat.

Tapi para ahli can manggih tanda atawa lokasi di mana Hofland dikurebkeun. Di ruang bawah tanah tea, ukur aya rohangan nu kosong.

Baca Juga: Batu Akik Kungsi Ngajaul, Saban Daerah Miboga Potensi Batu Akik Disungsi

Nu geus sidik mah, tugu jeung kerkof nu geus bisa disebut heritage Subang teh kawas kurang piara.

Buktina, basa Galura laha-loho sawatara waktu katukang, di sabudereun tugu rea tapak nu cocoretan. Tuguna ge geus teu beleger deui. Aya tapak narok, natah jeung sajabana. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x