Di sagedengeun ngalakukeun proses mateakeun potensi ku ngolah karya seni, ieu komunitas ge ngamekarkeun potensi di saluareun kagiatan seni, saperti numwuhkeun kasadaran budaya, kasadaran atikan, jeung kasadaran lingkungan.
Anapon ceuk antropolog Syakir, manehna mimiti milu aub di Komunitas Celah Celah Langit teh ti kawit taun 2015.
“Keur sakuringeun, Komunitas Celah Celah Langit minangka tempat pangajaran pikeun silingahurmat hirup tur kahirupan. Di ieu komuintas kuring diajar ngeunaan ma’na silisimbeuhan dibarung ku rasa kakaluwargaan,” pokna. ***