Wilangan jeung Ukuran Simbolik Sunda, Karuhun Sunda Make Matematika

- 4 Februari 2023, 12:30 WIB
Jam Sunda, wilangan jeung ukuran simbolik Sunda, make itungan matematika.*
Jam Sunda, wilangan jeung ukuran simbolik Sunda, make itungan matematika.* /

GALURA -“Widang matematika téh ti jaman karuhun urang gé tos nyampak, apan sakitu seueurna wilangan sareng ukuran simbolik Sunda,” ceuk Profésor Dr. Budi Nurani Ruhyana, Guru Besar Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung.

Prof.Budi nyontokeun sababaraha wilangan jeung ukuran simbolik Sunda bihari nu kawengku kana widang matematika. Upamana: sajeungkal, saléngkah (keur ngukur panjang).

Conto sejenna wilangan jeung ukuran simbolik Sunda dina widang matematika: sabuku curuk, satangtung, sacangkéng (keur ngukur jangkungna), satumbak, sabau (keur ngukur legana).

Baca Juga: Endog Lewo, Kuliner Has Garut, Emplod nu Boga Ngaran Husus Alatan Beda Rasana

Cacangkir, sagantang, sakeupeul, sadolak (keur ngukur eusina atawa volume), sakompét, sageugeus, saturuy, oge kaasup ukuran simbolik Sunda.

Dina nangtukeun waktu sapoé sapeuting, ceuk Prof. Budi, karuhun Sunda téh geus nyieun wanci nu satata jeung jam analog kiwari. Upamana: tengah peuting, janari leutik, ngagayuh ka subuh, harieum beungeut, carangcang tihang, haneut moyan, pecat sawed, manceran, jeung sajabana.

Ayeuna wanci nu satata jeung jam analog kiwari bieu disarebutna teh jam Sunda.

Kitu deui dina nangtukeun waktu poé, karuhun Sunda ngitung jeung nangtukeun poé téh maké métode “Senen Senen Salasa Rebo”, jumlahna sapuluh.

Sacara matematika metode “Senen Senen Salasa Rebo” ngagunakaeun lipet sapuluh. “Dina émprona, nangtukeun poé ku cara kitu téh leuwih téréh batan diitung mérélé unggal poé,” ceuk Prof. Budi.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x