David da Silva Persib Bandung Siap Makalangan Nyanghareupan Borneo FC, Geus Milu Latihan di Stadion Siliwangi

- 25 Januari 2023, 13:15 WIB
David da Silva siap makalangan nyanghareupan Borneo FC/Persib.co.id
David da Silva siap makalangan nyanghareupan Borneo FC/Persib.co.id /Persib.co.id//

 

Panyerang atawa striker asal Brasil téh, samalah tembong miluan sakabéh sési latihan, taya nu kaliwat, sajaba ti tembong sumanget téh.

"Pokona kuring saparakanca tos siap makalangan," cek éta panyerang nu meunang landihan DDS teh.

Sajaba ti siap makalangan, David da Silva ogé ngaku siap ngumpulkeun angka keur Persib, malar Maung Bandung aya di jalur juara.

Baca Juga: Travo Gardu Listrik di Citangtu Kabentar Gelap, Aliran Listrik di Sababaraha Desa Pareum

Sakumaha anu pada terang, nepi ka minggu ka 19, Pangéran Biru geus ngalakonan 11 pertandingan bari teu ngalaman éléh.

Lantaran éta, Persib ayeuna aya di tilu besar pucuk klasemen sementara Liga 1.

Nérékélna Persib ka "papan atas" klasemen Liga 1 téh, antarana alatan jasana David da Silva.

Baca Juga: Rakor Kemendagri jeung Daerah, Sekda Ciamis Tatang: Inflasi Kudu Bisa Diungkulan

Der Jang, ah, gaskeun!***

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x