Bappedalitbang Ngagelar Musrenbang RKPD taun 2024, Bupati Meredih Pangwangunan Utamakeun Kapentingan Masarakat

20 Maret 2023, 10:19 WIB
Bappedalitbang Kabupaten Majalengka ngagelar Musrenbang nyusun Rencana Kerja Pembangunan Daerah (RKPD) taun 2024 di Gedong Yudha Karya Pemda Majalengka (17/03/2023). /Ayank R Sambara/123

GALURA -Badan Perencanaan Pembangunan Daerah, Penelitian dan Pengembangan, Bappedalitbang Kabupaten Majalengka ngagelar Musrenbang nyusun Rencana Kerja Pembangunan Daerah (RKPD) taun 2024 di Gedong Yudha Karya Pemda Majalengka (17/03/2023). nyusun Rencana Kerja Pembangunan Daerah (RKPD) taun 2024 di Gedong Yudha Karya Pemda Majalengka 17/03/2023).

Kepala Bappedalitbang Kabupaten Majalengka nu diwakulan ku Sekretaris Bappedalitbang, H. Wawan Sarwanto, S.T., M.H., nyebutkeun Musrenbang RKPD Kabupaten Majalengka taun 2024 teh salasahiji runtuyan tina mekanisme perencanaan pangwangunan. Udaganana ngahijikeun aspirasi dimimitian ti Musrenbang Desa, Musrenbang Kacamatan jeung Musrenbang Kabupaten.

"Hasil Musrenbang kacamatan sasih Desember taun 2022 tos ngahasilkeun 2,619 usulan sarengse tahapan verifikasi kukituna bakal di akomodir sajumlah 2,281 usulan,” ceuk Kepala Bappedalitbang Kabupaten Majalengka. Tina Musrenbang kacamatan saterusna dibawa kana Musrenbang kabupaten nu engkena ditetepkeuj dina RKPD taun 2024.

Baca Juga: Putri Anjungsari (61), Prajurit Cirebon nu ti Teuleum di Cimanuk Milu Siduru

Masih ceuk Wawan di panungtung kapamingpinan bupati katut wakil Bupati entragan 2018 – 2023, indikator makro nembongkeun Laju Pertumbuhan Ekonomi (LPE) pangluhurna di Jawa Barat: 6,63 %.

Indeks Pembangunan Manusia (IPM) Kabupaten Majalengka ngaronjat unggal taunna. Di taun 2022 IPM tumuwuh 1,11 persen dibandingkeun taun 2021 jadi 68,56 poin. Tingkat Pengganguran Terbuka (TPT) taun 2022 gedena 4,16 %, panghandapna ka-3 ti 27 kabupaten kota di Jawa Barat.

Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., miharep pangwangunan di Majalengka kudu lumangsung kalayan normal, najan dina taun 2024 bupati Majalengka dijabat ku Plt (pelaksana tugas).

"Dina nyusun RKPD kedah ngutamikeun kapentingan rayat. Sektor kasehatan, atikan, infrastruktur, sareng UMKM kedah janten prioritas uatama,” ceuk Bupati.

Baca Juga: Sat Reskrim Polres Majalengka Ngamankeun Beas Bulog di Pabrik Penggilingan Beas CV MPR

Bupati meredih ka dinas nu ngokolakeun program padat karya pikeun tuluy ngamonitoring sarta ngajalankeun kalayan sahade-hadena. "Anggaran Padat Karya kawilang ageung, kirang langkung 86 milar,” pokna.

Program padat karya nyadiakeun lapangan pagawean sakalian ngaronjatkeun paekonomian di padesaan. “Hal ieu bakal bisa ngurangan angka kamiskinan," ceuk Bupati Majalengka.

Salila taun 2018 - 2019 angka kamiskinan di Kabupaten Majalengka beuki ngurangan, nguranganana tepi ka 129.290 urang. Di taun 2019 jadi 121.060 jiwa, hal ieu nembongkeun program keur ngungkulan angka kamiskinan efektip.

Sasalad covid dina taun 2020 jeung 2021 ngabalukarkeun angka kamiskinan naek. Dina taun 2020 jadi 138.200 jiwa sarta di taun 2021 jadi 151.140 jiwa.

Baca Juga: Kado Saabad NU:  Tokoh Majalengka Ngarojong KH Abdul Halim Leuwimunding Jadi Pahlawan Nasional

Bareng jeung rerepna sasalad di taun 2022, angka kamiskinan di Kabupaten Majalengka turun deui jadi 147.120 jiwa. Hal eta ku ayana program bantuan pikeun masarakat, pikeun UMKM jeung dibukana program padat karya.

Musrenbang RKPD taun 2024 oge diluuhan ku Forkopimda, Sekda, Ketua Komisi III DPRD Kabupaten Majalengka, Kepala Bappeda Prov. Jawa Barat, Guru Besar Ilmu Kominukasi Unpad Bandung.

Lian ti eta diluuhan ku Ketua TP-PKK Kab. Majalengka, Ketua Dharmawanita Persatuan Kabupaten Majalengka, sakumna Staf Ahli, Asisten Daerah, sakumna Kepala OPD katut camat sakabupaten Majalengka, unsur dunya usaha, tokoh masarakat, tokoh pemuda, BUMD sarta tamu ondangan lianna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler