Kado Saabad NU:  Tokoh Majalengka Ngarojong KH Abdul Halim Leuwimunding Jadi Pahlawan Nasional

- 12 Maret 2023, 11:58 WIB
Ti kenca, Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi, anggota DPR RI KH Maman Imanulhaq, jeung Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd., ngaluuhan acara Mieling Harlah Saabad NU, di Alun-alun Kecamatan Talaga Kabupaten Majalengka, Saptu (11/03/2023).
Ti kenca, Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi, anggota DPR RI KH Maman Imanulhaq, jeung Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd., ngaluuhan acara Mieling Harlah Saabad NU, di Alun-alun Kecamatan Talaga Kabupaten Majalengka, Saptu (11/03/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA -Dina mieling Harlah Saabad NU tingkat Kabupaten Majalengka di Alun-Alun Kecamatan Talaga, (11/03/2023) aya paguneman ngeunaan rojongan sangkan KH Abdul Halim Leuwimunding jadi Pahlawan Nasional. Anu ngarojong teh di antarana Bupati Majalengka, TB Hasanuddin jeung KH Maman Imanulhaq.

"Simkuring sareng Pa TB Hasanuddin, oge  KH Maman Imanulhaq nu aya di Komisi VII DPR RI, mitra Kemensos, bakal berjoang kangge ngarojong KH Abdul Halim Leuwimunding janten  Pahlawan Nasional,"  ceuk Bupati Majalengka, Karna Sobahi.

Bupati Majalengka, TB Hasanuddin, jeung KH Maman Imanulhaq, sapuk babarengan merjuangkeun KH Abdul Halim Leuwimunding jadi Pahlawan Nasional. Katokohan jeung perjoangan KH Abdul Halim dina ngalawan kabijakan-kabijakan colonial Belanda natrat pisan.

Baca Juga: Kapolres Majalengka Dileler Pangajen, LPAI Ngarojong Polres Ngungkab Kasus Kajahatan ka Barudak

KH Maman Imanulhaq nyebutkeun aya dua Kiayi Abdul Halim di Majalengka. Kahiji,  KH Abdul Halim Asromo tokoh PUI nu geus ditetepkan jadi Pahlawan Nasional. Nu kadua KH Abdul Halim Leuwimunding nu mibanda sajarah panjang dina ngalawan Kolonial Belanda.

"KH Abdul Halim Leuwimunding teh tokoh NU kantos janten  Katib Tsani PBNU, asisten KH Wahab Hasbullah. Anjeunna ku cara konstitusional ngalawan  kawijakan-kawijakan pamarentah kolonial nu ngarugelkeun rayat. Janten bakal aya 2 Abdul Halim ti Majalengka nu janten Pahlawan Nasional,"  ceuk KH Maman Imanulhaq, nu oge salaku  Mustasyar PWNU Jabar.

Dina Harlah Saabad NU di Talaga, KH Maman Imanulhaq ngapresiasi ka Pemkab Majalengka nu ngaluarkeun Perda ngeunaan Fasilitasi Penyelenggaraan Pesantren. Ceuk KH Maman Imanulhaq kawijakan Pemkab Majalengka teh eta bukti rojongan  Pemkab Majalengka ka  pasantren.

KH Maman Imanulhaq nu oge pengasuh Ponpes Al Mizan Jatiwangi nyebutkeun, Perda Pesantren kawilang visioner jeung wajib diduplikasi ku kabupaten lianna. Ku ieu perda dipiharep  pasantren leuwih mandiri tur ngahasilkeun santri mibanda  kompetensi unggul, lain ngan saukur widang  kaagamaan tapi oge dina widang sejen.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x