Kapolres Majalengka Dileler Pangajen, LPAI Ngarojong Polres Ngungkab Kasus Kajahatan ka Barudak

- 10 Maret 2023, 13:00 WIB
Kapolres Majalengka nampa layang pangajen ti LPAI.
Kapolres Majalengka nampa layang pangajen ti LPAI. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Kapolres Majalengka, AKBP Edwin Affandi, S.I.K., M.H., nyangking pangajen ti Lembaga Perlindungan Anak Indonesia (LPAI).

Kapolres Majalengka ku LPAI dipeunteun kinerjana hade dina nangtayungan barudak jeung ngungkab kasus kejahatan ka barudak jeung ngungkulan kabaudna barudak Dina kasus kriminal di Kabupaten Majalengka.

"Parantos janten tugas simkuring ngaladenan Masarakat, kalabet murangkalih nu kedah leres-leres ditangtayungan. Simkuring moal liren ngungkab kasus kejahatan ka murangkalih," ceuk Kapolres Majalengka, Rebo sore (08/03/2023), satutas nampa pangajen ti LPAI.

Baca Juga: Korban Curanmor Bungaheun, Ngapimilik deui Motorna Dipasrahkeun ku Polres Majalengka

Kapolres Majalengka nyebutkeun pangajen ti LPAI teh hasil dedikasi tur konsistensi rengrengan Satreskrim Polres Majalengka hususna Unit Perlindungan Perempuan dan Anak (PPA) dina ngungkab kasus kajahatan ka barudak.

Ku nampana ieu pangajen jadi pamecut sumanget pikeun teru komitmen ngalaksanakeun tugasna dina nangtayungan masarakat hususna dina kasus tindak kejahatan ka barudak sangkan taya deui barudak nu jadi korban kekerasan jeung nu kalibet kasus kriminal.

"Kasus anak di wilayah hukum Polres Majalengka saleresna rupi-rupi. Prestasi anggota nu soson-soson dina ngalaksanakeun tugas dina ngungkabna," ceuk AKBP Erwin Affandi.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x