Putri Anjungsari (51), Di Patilasan Rajamandala Amprok jeung Prajurit Cirebon nu Samagreng ku Pakarang

- 10 Maret 2023, 05:30 WIB
Patilasan Syeh Nurjati di Gunung Jati Cirebon, guru agama  Walangsungsang.
Patilasan Syeh Nurjati di Gunung Jati Cirebon, guru agama Walangsungsang. /Nanang S/Galura

 

KARAJAAN-karajaan bawahan Pajajaran teu bisa nanaon. Kajaba kakuatanana geus teu kawas jaman Sri Baduga Maharaja, ku Pajajaran dicarek teu meunang ngirimkeun bala bantuan. Karajaan-karajaan bawahan Pajajaran ditugaskeun pikeun ngajaga sakur titinggal karuhun, jeung pepetetan Sunda sangkan adeg-adeg Sunda teu leungit. 

Aki Jaya ngarenghap napas panjang. Dirina dibarengan ku Asmita, Atus, Gingin jeung Suba miang ti Kawali ka Rajamandala oge apan ditugaskeun ku Maharaja Sakti pikeun mapagkeun jeung ngajaga sirung-sirung Sunda ti Pajajaran nu rek ngungsi ka Kawali. Aki Jaya ngalaksanakeun pancen saperti kitu teh lain karek ayeuna.

Lain ukur ka nu rek ngungsi ka Kawali tapi oge ka wewengkon sejenna di Tatar Galuh, kaasup nu ngungsi ka Limbangan. Malah anu ka Limbangan mah nu ngawalna rada kekep ti nu sejen, lantaran bari mawa rajakaya ti Pajajaran: emas, boh dina bangun rarangken boh dina wangun batangan, jeung duit emas.

Baca Juga: Putri Anjungsari (50), Ngaku Ngarasa keneh Urang Galuh, Kacurigaan ka Tukang Parahu Ilang

Kekepna nu ngawal henteu ngondang kacurigaan ti nu sejen, babakuna urang Cirebon, Banten jeung urang Demak. Harita Aki Jaya, kitu deui nu sejen, reugreug pisan, lantaran rahayat Tatar Galuh, tuhu jeung satia ka Pajajaran. Taya saurang oge nu cudika, taya saurang oge nu betus ka nu lian, najan ari kana emasna mah taya nu nyahoeun.

Mun rahayat Tatar Sunda jeung Tatar Galuh henteu ngabantu mah kana hese rek lunta ti Pajajaran teh, komo deui nu ngungsina kulawadet karajaan nu tangtu pakulitan, rengkak paripolah, lentongna beda jeung somahan. Kitu deui dina pangaweruh jeung kabisa, babakuna dina lebah elmu bela diri jeung kanuragaan.

Dina soal dangdanan mah gampang, kari make baju nu biasa dipake ku somahan. Prajurit nu rek ngawalna geus nyadiakeun baju somahan, lain  nu anyar tapi nu geus lila dipake. Rombongan nu mawa emas dina jumlah rea oge oge teu siga-siga mawa barang nu luhur ajenna. Tambah deui ditarekahan sangkan henteu katempo ku panon lahir.

Di mana emas batangan jeung duit emas diteundeunna sanggeus rombongan ti Pajajaran datang ka Limbangan, Aki Jaya teu apaleun, ongkoh teu hayangeun maluruh di mana-mana, alatanana mah lain hakna, lain urusanana. Ngan hawar-hawar ngadengeeun, cenah, harta nu dibawa ka Limbangan teh disumputkeun di Gunung Sepuh.

Baca Juga: Baduy Urang Kanekes Naha Enya Asalna ti Pajajaran?

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x