Kembang mangle jeung kembang tanjungna teh keur karembangan, atuh sapanjang jalan seungit, kabawa ku hiliwirna angin peuting, matak seger nu tas lalampahan jauh. Taya cacaang di sisi jalan, ukur dicaangan ku bulan sapasi jeung bentang ting kariceup. Ti kajauahan katempo oncor sabaraha hiji deukeut patilasan.
Ku lantaran kakara, Asmita, Atus, jeung Gingin rarat-reret ka sisi ka gigir, najan peuting katembong kaayaan liliwatan. Di sisi jalan rajeg ku tatangkalan nu jarangkung, paselang jeung rungkun awi. Sora daun awi nu katebak angin sakapeung seah. Pucuk awi tembong luak-leok nuturkeun ka mana angin leokna.
Ti hareup tembong belegbegna tangtungan sababaraha urang, sora lengkahna tinggareblig. Beuki deukeut beuki atra: kabeh oge make baju perang, sarta make baju kere, pedangna ngarumbay panjang. Leumpangna teh garancang. Basa rek papaliwat, Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin nyarisi, mere jalan. *** Nyambung