Putri Anjungsari (51), Di Patilasan Rajamandala Amprok jeung Prajurit Cirebon nu Samagreng ku Pakarang

- 10 Maret 2023, 05:30 WIB
Patilasan Syeh Nurjati di Gunung Jati Cirebon, guru agama  Walangsungsang.
Patilasan Syeh Nurjati di Gunung Jati Cirebon, guru agama Walangsungsang. /Nanang S/Galura

 

KARAJAAN-karajaan bawahan Pajajaran teu bisa nanaon. Kajaba kakuatanana geus teu kawas jaman Sri Baduga Maharaja, ku Pajajaran dicarek teu meunang ngirimkeun bala bantuan. Karajaan-karajaan bawahan Pajajaran ditugaskeun pikeun ngajaga sakur titinggal karuhun, jeung pepetetan Sunda sangkan adeg-adeg Sunda teu leungit. 

Aki Jaya ngarenghap napas panjang. Dirina dibarengan ku Asmita, Atus, Gingin jeung Suba miang ti Kawali ka Rajamandala oge apan ditugaskeun ku Maharaja Sakti pikeun mapagkeun jeung ngajaga sirung-sirung Sunda ti Pajajaran nu rek ngungsi ka Kawali. Aki Jaya ngalaksanakeun pancen saperti kitu teh lain karek ayeuna.

Lain ukur ka nu rek ngungsi ka Kawali tapi oge ka wewengkon sejenna di Tatar Galuh, kaasup nu ngungsi ka Limbangan. Malah anu ka Limbangan mah nu ngawalna rada kekep ti nu sejen, lantaran bari mawa rajakaya ti Pajajaran: emas, boh dina bangun rarangken boh dina wangun batangan, jeung duit emas.

Baca Juga: Putri Anjungsari (50), Ngaku Ngarasa keneh Urang Galuh, Kacurigaan ka Tukang Parahu Ilang

Kekepna nu ngawal henteu ngondang kacurigaan ti nu sejen, babakuna urang Cirebon, Banten jeung urang Demak. Harita Aki Jaya, kitu deui nu sejen, reugreug pisan, lantaran rahayat Tatar Galuh, tuhu jeung satia ka Pajajaran. Taya saurang oge nu cudika, taya saurang oge nu betus ka nu lian, najan ari kana emasna mah taya nu nyahoeun.

Mun rahayat Tatar Sunda jeung Tatar Galuh henteu ngabantu mah kana hese rek lunta ti Pajajaran teh, komo deui nu ngungsina kulawadet karajaan nu tangtu pakulitan, rengkak paripolah, lentongna beda jeung somahan. Kitu deui dina pangaweruh jeung kabisa, babakuna dina lebah elmu bela diri jeung kanuragaan.

Dina soal dangdanan mah gampang, kari make baju nu biasa dipake ku somahan. Prajurit nu rek ngawalna geus nyadiakeun baju somahan, lain  nu anyar tapi nu geus lila dipake. Rombongan nu mawa emas dina jumlah rea oge oge teu siga-siga mawa barang nu luhur ajenna. Tambah deui ditarekahan sangkan henteu katempo ku panon lahir.

Di mana emas batangan jeung duit emas diteundeunna sanggeus rombongan ti Pajajaran datang ka Limbangan, Aki Jaya teu apaleun, ongkoh teu hayangeun maluruh di mana-mana, alatanana mah lain hakna, lain urusanana. Ngan hawar-hawar ngadengeeun, cenah, harta nu dibawa ka Limbangan teh disumputkeun di Gunung Sepuh.

Baca Juga: Baduy Urang Kanekes Naha Enya Asalna ti Pajajaran?

Aki Jaya oge milu ngajaga, kalayan demit, waktu kandaga lante, opat urang, miang ti Pajajaran ka Medang Khayang atawa Sumedanglarang bari mawa Mahkuta Binokasih Sanghyang Pake. Aki Jaya teu apaleun naha eta mahkuta nu dijieun ku Prabu Bunisora sarta munggaran dipake ku Prabu Wastukancana teh dipasrahkeun ka Sumedanglarang atawa henteu.

Parahu lajuna beuki laun. Aki Jaya ngusap beungeut, meh wae kabawa kana palidna rasa. Parahu dikasisikeun sarta eureun di sisi walungan, hareupeun darmaga nu dijieun tina awi gombong sarta ditalian ku tali injuk. Sababaraha parahu dicangcang kana gili-gili, ngajajar, oyag-oyagan kaendagkeun ku cai walungan.

“Geus tepi,” ceuk tukang parahu.

Aki Jaya, kitu deui Asmita, Atus, jeung Gingin, luak-lieuk, terus narangtung. Saurang-saurang hanjat ka darat. Gingin memeh hanjat, ngasongkeun duit perak, lobana dikira-kira cukup. Ku tukang parahu bari ditampanan teh bari diilikan, duit teh laju diasupkeun kana kanjut kundang sarta kanjung kundangna diasupkeun kana kaneron.

Baca Juga: Anis Jatisunda: Dina Agama Sunda Pajajaran Aya Sadat Sunda

“Kami moal ngadagoan, arek langsung balik,” ceuk tukang parahu. “Mun rek mulang mah rea ieuh parahu di dieu.”

“Enya. Sewu nuhun,” tembal Aki Jaya. “Rahayu.

“Rahayu,” ceuk tukang parahu bari malikkeun parahuna. Diwelah balik deui ka girang. Ayeuna mah enya-enya diwelahna teh, giliran, kenca katuhu lantaran henteu saarah jeung aliran cai walungan. Ngan ti darmaga rakit tepi ka dinya caina henteu tarik, malah bisa disebutkeun ngeuyeumbeu, jadi ngawelahna henteu beurat.

Patutur-tutur Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin leumpang muru patilasan nu ti sisi walungan anggangna aya kana 200 meteran, rada luhur, jalanna rada nanjak. Jalan teh katempona lidig, cirina loba nu ka dinya. Jalanna teu pati rubak, kenca katuhu dipager tangkal hanjuang, paselang jeung tangkal mangle katut tangkal tanjung.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

Kembang mangle jeung kembang tanjungna teh keur karembangan, atuh sapanjang jalan seungit, kabawa ku hiliwirna angin peuting, matak seger nu tas lalampahan jauh. Taya cacaang di sisi jalan, ukur dicaangan ku bulan sapasi jeung bentang ting kariceup. Ti kajauahan katempo oncor sabaraha hiji deukeut patilasan.

Ku lantaran kakara, Asmita, Atus, jeung Gingin rarat-reret ka sisi ka gigir, najan peuting katembong kaayaan liliwatan. Di sisi jalan rajeg ku tatangkalan nu jarangkung, paselang jeung rungkun awi. Sora daun awi nu katebak angin sakapeung seah. Pucuk awi tembong luak-leok nuturkeun ka mana angin leokna.

Ti hareup tembong belegbegna tangtungan sababaraha urang, sora lengkahna tinggareblig. Beuki deukeut beuki atra: kabeh oge make baju perang, sarta make baju kere, pedangna ngarumbay panjang. Leumpangna teh garancang. Basa rek papaliwat, Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin nyarisi, mere jalan. *** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah