Mikawanoh Petter Willem Hofland, Tuan Tanah nu Kungsi Ngawasa Perkebunan di Subang, Jawa Barat

- 19 Januari 2023, 17:15 WIB
Adegan nu aya kerkof tempar Hofland dimakamkeun/ Galura / Aam Permana S
Adegan nu aya kerkof tempar Hofland dimakamkeun/ Galura / Aam Permana S /

GALURA - Di kerkof nu perenahna di puseur kota Subang, papahareup jeung makam umum Dunguswiru, jalan MT Haryono, aya pusara gegeden tuan tanah nu kungsi ngawasa perkebunan Subang.

Nu dimaksud teh nyaeta Petter Willem Hofland jeung kulawargana.

Ieu kerkof, ditaksir aya ti taun 1900-an keneh, babakuna sanggeus Subang dikawasa ku Hofland jeung pausahaanna.

Baca Juga: Di Kantor Golkar Kang Emil Ngaku Boga 'Follower' Jutaan di Media Sosial, Sabaraha Jumlahna Saenyana?

Saha ecesna Petter Willem Hofland?

Nurutkeun catetan Galura, Petter Willem Hofland teh urang Walanda nu kungsi dipikaserab di wewengkon Kabupaten Subang.

Mangsa keur hirupna, Hofland jeung pamajikanna, ngadegkeun jeung makieuhkeun perkebunan kopi di Subang.

Baca Juga: Kang Emil Asup Golkar, Erick Thohir Ngawilujengkeun, Ieu Conto Kamandang Netijen

Usaha kebon kopina nu dibere ngaran  Pamanoekan & Tjiasemlanden (P & T Lands) teh maju naker jeung kakoncara nepi ka jauhna, babakuna ka Walanda jeung sawatara nagara Eropa sejenna.

Bejana mah, sanggeus ngadeg sababaraha lila, legana perkebunan kopina meh sarua jeung legana Kabupaten Subang ayeuna.

Petter Willem Hofland, memang geus lila tilar dunya.

Baca Juga: Jumlah Guru Ngaji geus Nyumponan Jumlah Rombel Najan Aya nu Kudu Ngajar di Dua Kelas

Tapi tapakna jeung ciri manehna kungsi aya di Subang mah natrat keneh.

Hiji di antarana mangrupa patung nu katelah patung Hofland nu dijieunna tina parunggu tur disimpen di Museum Daerah Subang. 

Eta patung, ayeuna jadi koleksi primadona sing saha wae nu ngadongdon eta musieum lantaran patungna bangun nu hirup jeung gede simana.

Baca Juga: Soal Kang Emil Asup Golkar, Philips J Vermonte : Lengkah nu Merenah Tur Strategis keur Duanana

Patung Hofland teh henteu “nyorangan” di musieumna. Manehna “dibaturan” ku patung pamajikan jeung budakna, nu sarua papada dijieun tina parunggu deuih.

Samemehna, patung Hofland teh leungit ditaksir aya nu maling  di komplek makam Walanda di Dunguswiru, jalan MT Haryono, Subang.

Sabada kapanggih deui nya antukna disimpen di Gedong Wisma Karya.

Baca Juga: Ieu Geuning Alesan Kang Emil Ngagabung ka Partai Golkar Teh, Antarana Wae 'Harewos' Ti Indung jeung Ulama

Ari Gedong Wisma Karya, samemehna dingaranan Societe nu diadegkeun Hofland mangsa keur jumeneng keneh.

Asalna eta gedong teh digunakeun keur tempat sosialilasi demang-demang nu marentah di wewengkon Subang.

Ngan lila-lila, babakuna sabada diomean, eta gedong dipake keur tempat ngumpul ngariung sakur pajabat nu ngokolakeun P&T Lands,  tempat pintonan kasenian, bilyard, bowling jeung golf. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x