Tabligh Akbar Il Al di Pasantren Zawiyah Darusshufi Kabupaten Garut

- 5 Desember 2023, 10:02 WIB
Ilyasa jeung Alyasa (Il Al) tausiyah dina acara tabligh akbar di Pasantrén Zawiyah Darusshufi, Ahad (03-12-2023).
Ilyasa jeung Alyasa (Il Al) tausiyah dina acara tabligh akbar di Pasantrén Zawiyah Darusshufi, Ahad (03-12-2023). /Nelova/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ustad kembar Ilyasa jeung Alyasa (Il Al) tausiyah dina acara tabligh akbar di Pasantrén Zawiyah Darusshufi, Ahad (03-12-2023). Tablig akbar dilaksanakeun ti jam 15.30 WIB tepi ka jam 16.40 WIB, tempatna di lapang Zawiyah Darusshufi. Anu datang ieu tablig akbar lain ukur santri tapi masarakat.

Dina pangajianana, ustad kembar nu kungsi jadi pinunjul AKSI 2018 teh nyebutkeun, sangkan jadi jalma nu hadé kudu ngamalkeun 3 perkara: meakeun waktu ku pagawean nu manfaat, ulah poho dzikir jeung selektif dina milih babaturan. "Ulah jadi jalma anu tashwif: jalma resep nunda- nunda pagawean anu alus," pokna.

Ilyasa jeung Alyasa nyebutkeun Umar bin Khatab minangka sahabat Rasulullloh mapagahan mun sibuk sangkan urang jadi jalma nu hade, mangka waktu luang bakal ngajadikeun urang rusak. Tina kituna Il Al cumeluk sangkan urang sibuk ku nyieun kahadean, boh keur diri sorangan, keur kulawarga boh keur masarakat.

Baca Juga: Pokalna Maya Berlin. SMPN 1 Majalengka Milmkeum Kaarifan Lokal

Dina Saptu peutingna (02/12/2023), sabada magrib ogé aya pangajian anu dipingpin ku Ustad Rifqy Syauqi Hubby Saptu (02/12/2023). Salian ti eta, Zawiyah Darusshufi ogé ngagelar gebyar salawat jeung karya seni santri dina raraga ngaraketkeun tali silaturahmi jeung warga. Malah aya bazar jajanan lokal saperti mie jebew, seblak, bacil jeung sajabana.*** Nelova

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x