Market Day Sekolah Alam Quran Nur Madani, Numuwuhkeun Jiwa Wirausaha Siswa Dibarung Kajujuran

- 17 Februari 2023, 14:03 WIB
Murid-murid Sekolah Alam Quran Nur Madani, di satengahing acara Market Day, di Kampung Tutugan, Desa Cihanjuang Rahayu, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Jumaah 17 Februari 20/ Dok. SAQ Nur Madani
Murid-murid Sekolah Alam Quran Nur Madani, di satengahing acara Market Day, di Kampung Tutugan, Desa Cihanjuang Rahayu, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Jumaah 17 Februari 20/ Dok. SAQ Nur Madani /

Jadi, rupaning barang nu didagangkeun dina Market Day mah nya barang nu geus jadi.

Baca Juga: Drs Aca Nyusud Naskah Carita Purwaka Caruban Nagari tepi ka Palembang jeung Banjarmasin

Laju Ira Pitriawati ngebrehkeun, Market Day di Sekolah Alam Quran Nur Madani ge minangka sarana numuwuhkeun sikep leadership siswa.

Ngalatih kamandirian, nguniangkeun kawani dina komunikasi, boh lagu transaksi boh komunikasi jeung sakumna nu haladir.

Di sagedengeun eta, sabot transaksi dagangan teh parasiswa ge diajar langsung praktek utang-itung matematika.

Baca Juga: Yessy Gusman, Kamampuh Aktingna Embung Dibanding-bandingkeun

"Jeroning kahirupan, ti anggalna keneh ge ka barudak teh dipiharep saeutik-saeutik sing mampuh mandiri. Ku ayana Market Day di ieu sakola, dipiharep oge tumuwuh jiwa wirausaha siswa kalawan dibarung kajujuran," pok Ira Pitriawati. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x